WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Bener Henteuna : Dalih SMK TARUNA SAKTI Purwakarta Nahan Ijzah Alumni???

Bener Henteuna : Dalih SMK TARUNA SAKTI Purwakarta Nahan Ijazah Alumni??? PURWAKARTA - www.wartasunda.id     "Larangan pamaréntah ka l...

CAMPALA MEDAR

ASISINDIRAN DINA KAHIRUPAN MASARAKAT SUNDA Urang Sunda kawilang dalit jeung wangun karya sastra anu kiwari disebut sisindiran, anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Ti bubudak éta téh. Sanajan tangtu baé, sisindiran budak mah, kawilang basajan, ngawujud dina kakawihan. Mun rék ucing-ucingan, upamana, barudak sok hompimpah heula. Hompimpah alaikum gambréng, Ma Ijah maké baju rombéng. Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

Kamandang : MIÉLING “BASA INDUNG” Ku : H. Usep Romli

Keterangan Poto : Tina internat.*

MIÉLING “BASA INDUNG”

Ku : H. Usep Romli


Dina raraga miéling “basa indung” 21 Februari, bet hayang ngaguar pangalaman ngagunakeun basa Sunda sapopoé. Kaasup dina hutbah Jumaah jeung Idain.

Taun 2005, mindeng hutbah jeung ceramah di Masjid Al Ikhlas, Turangga, Kota Bandung. Dihancenganan  ku Dr. KH Asép Salahudin, nu jadi Ketua DKM éta masjid. Mimindengna hutbah maké basa Sunda direumbeuy ku basa Indonésia.

Hiji waktu,  hutbah Jumat sagemblengna ku basa Sunda. Bérés salat, aya Kang Ajip Rosidi nyampeurkeun. Dituturkeun ku Prof. Dr. H. Édi Ékajati (Alm), Prof. Dr Chaédar Al Wasilah (Alm), Dr. Hawé Setiawan, H. Rahmat Taufik Hidayat. jsb.  Kang Ajip ngahaja  jumaahan di dinya, lantaran deukeut ti kantor Pustaka Jaya di Jl. Taman Kiliningan.

“Akang bungah ngadéngé hutbah ia basa Sunda, di lingkungan kawilang élit. Minangka tanda kabungah, Akang, nambahan ngeusian kéncléng Rp 50 rébu. Saméméhna geus ngeusian Rp 5 rébu, sakumaha biasa “saur Kang Ajip.

Keur aya di luar negeri ogé, tara tinggal nyarita ku basa Sunda. Jeung saha baé. Mun itu ngabigeu, kakarék ku basa Indonésia, campur basa Inggris jeung basa Arab, ditambahan “basa Tarzan”.

Kungsi kagét, keur jalan-jalan di Jerusalem, Palestina, tiluan jeung wartawan Indonésia, kuring nyarita ku basa Sunda. Nu némbalan lain babaturan wartawan, tapi hiji urang Yahudi. Maké jubah hideung ditopi “yamulke” nu leutik bunder nyéngclé dina sirahna.

“Ulah dikira urang Yahudi teu bisa nyarita basa Sunda. Réa nu diajar di dieu ogé, “cenah bari ngajak sasalaman.

Teu kaburu nanyakeun di mana tempat urang Yahudi diajar basa Sunda. Ngan cék hiliwir angin, para anggota Mossad (Dines Rusiah Israél), ngawasa rupa-rupa basa. Kaasup basa daérah ti sakuliah dunya.***

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "Kamandang : MIÉLING “BASA INDUNG” Ku : H. Usep Romli"

Posting Komentar