WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Ceuk Anggota DPR Komisi DPR Mufti Anam : Ayeuna Sadayana Dipajak, Malah Amplop Kawin Ge…

  Ceuk Anggota DPR Komisi DPR Mufti Anam : Ayeuna Sadayana Dipajak, Malah Amplop Kawin Ge… JAKARTA –  www.wartasunda.id Déwan Perwakila...

CAMPALA MEDAR

ASISINDIRAN DINA KAHIRUPAN MASARAKAT SUNDA Urang Sunda kawilang dalit jeung wangun karya sastra anu kiwari disebut sisindiran, anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Ti bubudak éta téh. Sanajan tangtu baé, sisindiran budak mah, kawilang basajan, ngawujud dina kakawihan. Mun rék ucing-ucingan, upamana, barudak sok hompimpah heula. Hompimpah alaikum gambréng, Ma Ijah maké baju rombéng. Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

Poé Tadi Akses Jalan ka Wangunan Sakola di Tutup


Ket.Poto: TPT di UPTD SDN Cipicung ngajeblag.*

Sukatani - Warta Sunda Onliné,

TPT di UPTD SDN Cipicung ngajeblag ku ayana hujan meh unggal poé. Ngabalukarkeun akses jalan sakola ka tutup ku urugan taneuh TPT.


     Pihak Désa Cipicung langsung sigap di lokasi pikeun leuwih mikanyaho kajadian nu sabenerna. Malahan dina dongdonan éta, natrat jeung ecés TPT nu panjangna 40 métér tinggi 6 métér téh, taneuh ngabayabah nutupan tempat parkir jeung jalan asup ka jéro sakola.

     Kajadian poé Senen isuk, (24/2) wanci carangcang tihang jam 06.30 taneuh urug ka sakola. Dina hal ieu mah teu aya korban ngan akses jalan lebet ka sakola ka tutup. Kitu ditetelakeun Pjs. Kepala Désa Cipicung Patmapuri ka Warta Sunda Onliné.
Ket.Poto: Pjs. Kadés Cipicung Patmapuri.*

    Pihakna isukan rék gawé bareng jeung pihak sakola katut orang tua murid bakti meresihan tumpukan taneuh di éta sakola. "Kitu na ogé bari jeung ngirong poé enjing tong nepika aya hujan. Lian ti éta ogé rek nyieun usuk keur ngahalangan TPT nu ka Musola Sakola. Ngarah tong ngajeblag deui," pokna Ibu Pjs Kadés Cipicung.
Ket.Poto: Kasek Cipicung Yayah Holipah*

     Sedengkeun pihak sakola, Kepala SDN Cipicung, Yayah Holipah, S.Pd ningali kaayaan sakolana. Ngarasa reueus henteu nepika kajadian ka barudak didikna.
     Ceuk kasek, "Alhamdulillah ti pihak korwil survey ka éta lokasi keur bahan laporan ka Kepala Dinas Pendidikan Purwakarta.***


Masih di diamken hela,karena kondisi masih hujan sin nambihan tanehna kahandap

Tinggi 6 m,,panjang 40 m, Patmapuri,,komite muhidin,,
Antisipasi sementara akses jln di tutup,,kanggo enjing pageto upami tos teu Aya hujan Bade di baktiken di buang tilas TPTna,
Mung tadi Atos di survey ku disdik insyaAlloh segera di perbaiki,

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "Poé Tadi Akses Jalan ka Wangunan Sakola di Tutup "

Posting Komentar