WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Ceuk Anggota DPR Komisi DPR Mufti Anam : Ayeuna Sadayana Dipajak, Malah Amplop Kawin Ge…

  Ceuk Anggota DPR Komisi DPR Mufti Anam : Ayeuna Sadayana Dipajak, Malah Amplop Kawin Ge… JAKARTA –  www.wartasunda.id Déwan Perwakila...

CAMPALA MEDAR

ASISINDIRAN DINA KAHIRUPAN MASARAKAT SUNDA Urang Sunda kawilang dalit jeung wangun karya sastra anu kiwari disebut sisindiran, anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Ti bubudak éta téh. Sanajan tangtu baé, sisindiran budak mah, kawilang basajan, ngawujud dina kakawihan. Mun rék ucing-ucingan, upamana, barudak sok hompimpah heula. Hompimpah alaikum gambréng, Ma Ijah maké baju rombéng. Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

Aya Naon, nya di Purwakarta Tiap Sakola Ngadon Ngabaso jeung Ngabajigur Ku : Sukanto


Keterngan Poto : Para siswa ngabring laleumpang muru ka sakola.

Aya Naon, nya di Purwakarta
Tiap Sakola Ngadon Ngabaso jeung Ngabajigur


Ku : Sukanto

P
rogram NGABASO nu dina hartian Ngabring Bareng ka Sakola, minangka program nu diembarkeun ku Gubernur Jawa Barat (Pa. Ridwan Kamil) sawatara waktu taun katukang taun 2018 di hotel Mason Pine Padalarang nu tujuanna pikeun ngalatih siswa hirup sehat.
Program “Ngabaso” éta dipiharep ku barudak siswa ti mimiti SD nepika SMA dianjurkeun laleumpang minimal 50 nepika 100 métér samemeh nepi ka gerbang sakola.
Program ieu keur ngabiasakeun para siswa laleumpang ka sakola sangkan sarehat. Lian ti éta, Program ‘Ngabaso’ ieu ningkatkeun interaksi sosial antar siswa jeung babaturana sakolahna, nu ahirna nimbulkeun sikap toléransi jeung kakompakan bareng.
Kajaba ti éta, mangpaatna ti Ngabring Bareng ka Sakola éta téh diantarana ngabogaan kakuatan fisik, kacerdasan akal, ahlak jeung ajén spiritual. Lian ti kitu, mun seug para siswa naék angkot turun heula, kira-kira 100 métér saacan asup ka gerbang sakola laleumpang babarengan. Malah mandar barudakna ogé bisa swapoto bareng tur tiasa diunggah kana medsosna masing-masing.  
Keur mah ayeuna zaman digital, jadi baruddak laleumpang ka sakola ngabring mah bisa dipoto atawa divideo, ieu nu jadi ciri lahirna budaya anyar di Jawa Barat yén barudak teu ogoan nepia laleumbang ka sakola.
Ngabring Bareng ka Sakola éta, di Purwakarta mah nembé disambut baik ku pihak sakola, saperti nu dicaritakeun ku penulis dina wartana nyaéta di Kecamatan Bungursari jeung Kecamatan Pasawahan, pon kitu deui sakola-sakola di kecamatan séjénna mah.
Saperti halna di Kecamatan Bungursari téh nyatana di SDN Ciwangi dilaksanakeun kalayan daria, ti mimiti barudak kelas 1 jeung kelas 2 nu dianteur ku orang tua siswa, tapi kelas 3 nepika 6 mah ngalabring ti imahna sewang-sewangan tepung diunggal gang amprok di sisi jalan nuju ka sakola.
Mugia implementasi program éti téh tiasa diaktualisasikeun ku orang tua siswa, boh guruna katut barudak dina unggal poé

"Sok sanajan hujan angin dordar gelap, ku penting-pentingna kasakola. keur mah ayeuna usum ngijih teu jadi pondok harepan para siswa arsup sakola." kitu ceuk Kepala SDN Ciwangi, Herlina, M.Pd ka Warta Sunda Onliné, poé Senen (17/2).



Lain halna deui ceuk Kepala SDN 1 Lebak Anyar, Kusnaédi, S.Pd ogé nerapkeun nu saperti kitu. Saperti témbong dina gambar.

Sedengkeun ceuk perwakilan guru Atam Suryana, yén jaman ayeuna mah kedh diimbagan ku budaya sapertos nu dicaritakeun diluhur. Malah inyana ngawaas nalika anjeuna keur leutik yén budaya urang améméh mangka ka sakola aya istilah mumuluk nu timbelna din dau cau nu direrab ku seuneu dina hawu.
 Inyana ogé nambahkeun yén salaku guru marengan marangkat barudak di sakolana ku istilah NGABA JIGUR (ngabring bareng jeung ibu/bapa guru).***

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "Aya Naon, nya di Purwakarta Tiap Sakola Ngadon Ngabaso jeung Ngabajigur Ku : Sukanto"

Posting Komentar