WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Warta Gedung Dewan : Sekretariat DPRD, kadatangan Rengrengan Pangurus katut Anggota PWI Purwakarta

Poto bareng PWI Purwakarta jeung Sekretariat DPRD.* GEDUNG DEWAN -  www.wartasunda.id,- Sekretariat Dewan Perwakilan Rakyat Da...

CAMPALA MEDAR

ASISINDIRAN DINA KAHIRUPAN MASARAKAT SUNDA Urang Sunda kawilang dalit jeung wangun karya sastra anu kiwari disebut sisindiran, anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Ti bubudak éta téh. Sanajan tangtu baé, sisindiran budak mah, kawilang basajan, ngawujud dina kakawihan. Mun rék ucing-ucingan, upamana, barudak sok hompimpah heula. Hompimpah alaikum gambréng, Ma Ijah maké baju rombéng. Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

SDN 1 Cianting Utara, Pinunjul Kids Atletik Putri Wawakil ka Tingkat Kabupatén

SDN 1 Cianting Utara, Pinunjul Putri
Wawakil ka Tingkat Kabupatén

 Kepala SDN 1 Cianting Utara Yunus, S.Pd.I, ngabagéakeun Néng Siti Wulandari siswa Kelas 5 baris tandang makalangan di Tingkat Kabupatén Purwakarta dina Cabor Kids Atletik.*


Sukatani – WSO,

Nyaritakeun kaunggulan tangtu tiap sakola ogé, pada-pada hayang unggul. Dina kaunggulan éta, boga taktik atawa strategi nu diterapkeun ka anak didikna. Poma guru pembimbingna ku pangalaman anu geus moyan, kana widang anu digeluti. Saperti halna kamari Warta Sunda Onliné, nyaritakeun SDN Cipicung di pasisian, dina waktuna mah parantos ngahasilkeun kapinjulanna. Malahan peserta didikna nyangking pinunjul.

     
Guru Pembina Olahraga SDN 1 Cianting Utara, Bayu Pratama ngabina Néng Siti Wulandari nepika jadi Juara Kids Atletik Putri.*

     Ari ayeuna mah poé Kemis, (23/01/2020) nyaritakeun SDN 1 Cianting Utara nu aya diibukota kecamatan, sarua waé antara guru jeung kepala sekolah hoyong ngabuktikeun yén anak didikna pikeun nyangking kapinunjulan.

     Basa dina lomba kréatifitas Siswa SD sa-Sukatani, SDN Cianting Utara nyangking kapinunjulan dina widang Kids Atletik. Ngalewatan siswina, Néng Siti Wulandari kelas 5 janten Juara Putri Kids Atletik Tingkat Kecamatan Sukatani. Kitu ditetelakeun Kepala SDN Cianting Utara Yunus, S.Pd, ka Warta Sunda Onliné, peuting tadi (22/01/2020) ngadadarkeun kapinunjulan sakolana nyangking juara.

     “Kapinunjulan éta téh hasil gawé bareng rengrenganana ngalatih jeung ngabina para siswana pikeun ngudag préstasi,” pokna Kasek.

     Nyangking juara Kids Atletik éta, nu langkung milu aubna mah guru pembimbingna, nyatana Bayu Pratama, S.Pd. “Tiap rengsé murangkalih sakola, sok digemleng siswana hususna dina widang olahraga saperti Kids Atletik lalatihan panas jeung hujan ngalakokan latihan. Kitu saur bapa kasek ngeceskeun perjuangan sakolana.

     Malahan ti samet ieu kapayun rék langkung sering ngabina Néng Siti Wulandari pikeun mapag kagiatan ditingkat kabupatén nu baris lumangsung sababaraha bulan deui.

     “Seja mundut du’a ti sadayana guru katut kepala sakola sa-Kecamatan Sukatani sangkan di Tingkat Kabupatén Purwakarta nyangking juara ka-1, pon kitu deui mapag tingkat provinsi tur nasional mah,” pokna Yunus mungkas wangkongan.***

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "SDN 1 Cianting Utara, Pinunjul Kids Atletik Putri Wawakil ka Tingkat Kabupatén"

Posting Komentar