WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Warta Gedung Dewan : Sekretariat DPRD, kadatangan Rengrengan Pangurus katut Anggota PWI Purwakarta

Poto bareng PWI Purwakarta jeung Sekretariat DPRD.* GEDUNG DEWAN -  www.wartasunda.id,- Sekretariat Dewan Perwakilan Rakyat Da...

CAMPALA MEDAR

ASISINDIRAN DINA KAHIRUPAN MASARAKAT SUNDA Urang Sunda kawilang dalit jeung wangun karya sastra anu kiwari disebut sisindiran, anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Ti bubudak éta téh. Sanajan tangtu baé, sisindiran budak mah, kawilang basajan, ngawujud dina kakawihan. Mun rék ucing-ucingan, upamana, barudak sok hompimpah heula. Hompimpah alaikum gambréng, Ma Ijah maké baju rombéng. Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

Pantomim jeung Menggambar Cerita Disangking ku SDN 2 Tajursindang Wawakil ka Tingkat Kabupatén

Cép Sendi Maulana Pinunjul ka-1 Pantomim

Sukatani – WSO,

Nyaritakeun kaunggulan tangtu tiap sakola ogé, pada-pada hayang unggul. Dina kaunggulan éta, boga taktik atawa strategi nu diterapkeun ka anak didikna. Poma guru pembimbingna ku pangalaman anu geus moyan, kana widang anu digeluti. Saperti halna kamari Warta Sunda Onliné, nyaritakeun SDN Cipicung di pasisian, SDN Cianting Utara di Ibukota Kecamatan dina waktuna mah parantos ngahasilkeun kapinjulanna. Malahan peserta didikna nyangking pinunjul.


     Poé Kemis, (23/01/2020) ieu nyaritakeun SDN 2 Tajursindang sarua waé antara guru jeung kepala sekolah hoyong ngabuktikeun yén anak didikna pikeun nyangking kapinunjulan.

Cép Andri Lesmana juara ka-1 Menggambar Certia

     Basa dina lomba kréatifitas Siswa SD sa-Sukatani, SDN 2 Tajursindang nyangking dua kapinunjulan dina widang Pantomim jeung Menggambar Cerita. Ngalewatan siswana, Cép Sendi Maulana juara ka-1 Pantomim sareng Cép Andri Lesmana juara ka-1 Menggambar Certia, éta téh duanana siswa kelas 5 juara di Tingkat Kecamatan Sukatani. Kitu ditetelakeun Kepala SDN 2 Tajursindang Asép Saépudin, S.Pd ka Warta Sunda Onliné, tadi isuk (23/01/2020) ngadadarkeun kapinunjulan sakolana nyangking juara.

Kepala SDN 2 Tajursindang Asép Saépudin, S.Pd 

     “Kapinunjulan éta téh hasil gawé bareng rengrenganana ngalatih jeung ngabina para siswana pikeun ngudag préstasi,” pokna Kasek.

     Nyangking juara Pantomim jeung Menggambar Cerita  éta, nu langkung milu aubna mah guru pembimbingna, nyatana Ai Raida, S.Pd (Pantomim) sareng Lia Listin, S.Pd (Menggambar Cerita). “Tiap rengsé murangkalih sakola, sok digemleng siswana hususna dina widang Pantomim jeung Menggambar Cerita lalatihan panas jeung hujan ngalakukeun latihan. Kitu saur bapa kasek ngeceskeun perjuangan sakolana.

     Malahan ti samet ieu kapayun rék langkung sering ngabina Cép Sendi Maulana sareng Cép Andri Lesmana pikeun mapag kagiatan ditingkat kabupatén nu baris lumangsung sababaraha bulan deui.

     “Seja mundut du’a ti sadayana guru katut kepala sakola sa-Kecamatan Sukatani sangkan di Tingkat Kabupatén Purwakarta nyangking juara ka-1, pon kitu deui mapag tingkat provinsi tur nasional mah,” pokna Asép Saépudin mungkas wangkongan.***

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "Pantomim jeung Menggambar Cerita Disangking ku SDN 2 Tajursindang Wawakil ka Tingkat Kabupatén"

Posting Komentar