WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Bener Henteuna : Dalih SMK TARUNA SAKTI Purwakarta Nahan Ijzah Alumni???

Bener Henteuna : Dalih SMK TARUNA SAKTI Purwakarta Nahan Ijazah Alumni??? PURWAKARTA - www.wartasunda.id     "Larangan pamaréntah ka l...

CAMPALA MEDAR

ASISINDIRAN DINA KAHIRUPAN MASARAKAT SUNDA Urang Sunda kawilang dalit jeung wangun karya sastra anu kiwari disebut sisindiran, anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Ti bubudak éta téh. Sanajan tangtu baé, sisindiran budak mah, kawilang basajan, ngawujud dina kakawihan. Mun rék ucing-ucingan, upamana, barudak sok hompimpah heula. Hompimpah alaikum gambréng, Ma Ijah maké baju rombéng. Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

5 Bulan, Pasokan Cai PDAM Teu Katarima Ku Warga RT.11/RW.03 Kel. Munjul Jaya

Salahsahiji meteran di Warga RT.11/RW.03
milik PDAM Purwakarta teu berpungsi tur Cai beresihna teu ngalir.*

Purwakarta - WSO,

Warga Kelurahan Munjul Jaya TKP Kp. Rawasari Gang Buntu geus lima bulan teu narima layanan sarana cai beresih ti pihak PDAM Purwakarta. Sok sanajan ayeuna usum ngijih para warga ngakutan cai di tatangga sabeulah. Nu jadi leuwih kumalasepa na mah, nini-nini nu yuswana kana 85 taun ogé milu ngakut cai di tatangga RT sabeulah.

     Ku kajadian éta, Warga di RT.11/RW.03 Kelurahan Munjul Jaya, teu sugema ku sarana cai bersih. Kitu ditetelakeu ku salah saurang warga Erwin ka Warta Sunda Onliné, Salasa, (21/1/2020).

     Dina hal ieu mah, miharep ka pihak PDAM Kabupatén Purwakarta pikeun ngalayanan sakumaha mistina.

     Lain halna ceuk Tono, dina usum hujan ieu, para warga nandean cai hujan keur pangabutuh mandi jeung masak. Tapi mun hujanna belang-betong, nya kapaksa ngakutan cai ditatangga sabeulah beda RT.

    Kituna ogé, pihakna (warga) geus ngalaporkeun tilu kali ka PDAM, tapi can aya realisasina komo nepika aya perhatian anu dari. Malah mandar, warga RT.11/RW.03 rék ngahadap ka Anggota DPRD Kabupatén Purwakarta, mun pihak PDAM teu aya tanggapan.***

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "5 Bulan, Pasokan Cai PDAM Teu Katarima Ku Warga RT.11/RW.03 Kel. Munjul Jaya"

Posting Komentar