WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Bener Henteuna : Dalih SMK TARUNA SAKTI Purwakarta Nahan Ijzah Alumni???

Bener Henteuna : Dalih SMK TARUNA SAKTI Purwakarta Nahan Ijazah Alumni??? PURWAKARTA - www.wartasunda.id     "Larangan pamaréntah ka l...

CAMPALA MEDAR

ASISINDIRAN DINA KAHIRUPAN MASARAKAT SUNDA Urang Sunda kawilang dalit jeung wangun karya sastra anu kiwari disebut sisindiran, anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Ti bubudak éta téh. Sanajan tangtu baé, sisindiran budak mah, kawilang basajan, ngawujud dina kakawihan. Mun rék ucing-ucingan, upamana, barudak sok hompimpah heula. Hompimpah alaikum gambréng, Ma Ijah maké baju rombéng. Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

KIDS ATLETIK nu Pinunjulna SDN Cipicung Wawakil ka Tingkat Kabupatén

Kepala SDN Cipicung Yayah Holipah, S.Pd sinareng guru pembina M. Riyadh, S.Pd
Ngabagéakeun M.Rizal nu nyangking Juara 1 Putra Widang Olahraga - Kids Atletik Tingkat Kecamatan Sukatani.*

Sukatani – WSO,
Rukun gawé babarengan antara rengrengan juru atik dina ngabina tangtu boga masing-masing ngabingbing, pikeun nyangking kapinunjulan. Saperti halna di salahsahiji SD di pasisian, dina waktuna mah parantos ngahasilkeun kapinjulanna. Malahan peserta didikna nyangking pinunjul.
     Poé kamari dina lomba kréatifitas Siswa SD sa-Sukatani, SDN Cipicung nyangking kapinunjulan dina widang Kids Atletik. Ngalewatan siswana, cép M. Rizal janten Juara Putra Kids Atletik Tingkat Kecamatan Sukatani. Kitu ditetelakeu Kepala SDN Cipicung Yayah Holipah, S.Pd ka Warta Sunda Onliné, soré ping (21/01/2020) ngadadarkeun kapinunjulan sakolana nyangking juara.

    “Kapinunjulan éta téh hasil gawé bareng rengrenganana ngalatih jeung ngabina para siswana pikeun ngudag préstasi,” pokna Kasek.
Nyangking juara Kids Atletik éta, nu langkung milu aubna mah guru pembimbingna, nyatana M. Riyadh, S.Pd.

     “Tiap rengsé murangkalih sakola, sok digemleng siswana hususna dina widang olahraga saperti Kids Atletik lalatihan panas jeung hujan ngalakokan latihan. Kitu saur ibu kasek ngeceskeun perjuangan sakolana.

     Malahan ti samet ieu kapayun rék langkung sering ngabina Cép  M. Rizal pikeun mpag kagiatan ditingkat kabupatén nu baris lumangsung sababaraha bulan deui.

     “Seja mundut du’a ti sadayana guru katut kepala sakol sa-Kecamatan Sukatani sangkan di Tingkat Kabupatén Purwakarta nyangking juara ka-1, pon kitu deui mapag tingkat provinsi tur nasional mah,” pokna Yayah Holipah mungkas wangkongan.***

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "KIDS ATLETIK nu Pinunjulna SDN Cipicung Wawakil ka Tingkat Kabupatén"

Posting Komentar