Geliat ‘Smart Village’ di Purwakarta, Milenial Padésaan Melek Internét
Diskominfo Siap Ngarojong Penjualan Produk UMKM Désa.*
Purwakarta – Warta
Sunda Onliné,
P
|
amaréntah Kabupatén
Purwakarta terus ngarojong efektivitas pelaksanaan program ‘Smart Village’ atawa
Désa Cerdas. Program ieu bentukna tina penyediaan jaringan pelayanan internét nepika
unggal lembur désa di Kabupatén Purwakarta.
Lalaunan
tapi pasti, program nu kiwari keur dihangeutkeun sawatara waktu taun katukang
éta ayeuna geus mimiti karasa mangpaatna ku masarakat. Kepala Dinas Komunikasi
dan Informatika Kabupatén Purwakarta, Ida Hamidah, negeskeun ku hal éta. Malahan
numutkeun anjeunna, désa anu berbasis téknologi informasi memang ngarupakeun
orientasi program nu keur dihangeutkeun salila ieu.
“Utilitas
atawa kagunaan program ieu tiasa karasa ku masarakat. Misalna, pihakna terus ngalakukeun
pengecekan ngalewatan program gempungan. Didinya, aya evaluasi keur kami ti
waktu ka waktu,” ceuk Ida di Purwakarta. Tepatna, waktu narima kunjungan kerja
DPRD Purwakarta di kantorna. Nyatana, di Jalan Gandanegara No 25, komplek Setda
Purwakarta, Salasa (05/11/2019).
Luyu
sareng data ti internal dinasna, Ida ngajelaskeun yén instalasi jaringan internét
geus dipasang di 42 désa. Sakabéh désa éta di 17 kecamatan. hartina, Ceuk Ida,
cakupan program ieu rata di sakabéh wilayah Kabupatén Purwakarta.
Proyeksi
keur taun 2020, pihakna rék naékkeun cakupan jadi 70 désa. Jumlah ieu rék terus-terusan
nepi ka sakabéh désa di Kabupaten Purwakarta nu mimabanda jaringan internét.
“Totalna
jadi 112 désa tina 183 désa, jeung terus-terusan nepika beres. Sedengkeun
pikeun 9 kelurahan di Kecamatan Kota geus berjalan. Teras désa jeung kelurahan
di Purwakarta geus parada melek internét,” pokna.
Area
publik saperti kantor pamaréntahan désa jeung tempat wisata jadi sasaran
program éta. Kadua area ieu dipilih dina raraga ngalakukeun percepatan pelayanan
publik jeung sosialisasi tempat wisata di Purwakarta.
“Kami
geus ngusulkeun anggaran Rp. 3 Miliar ku hal ieu. Outputna mah aya dua, nyaéta
percepatan pelayanan publik jeung sosialisasi wisata,” pokna.
Ngarojong
Penjualan Produk UMKM Désa
Salahsahijina,
stakéholdér pamaréntahan, Ida ngajelaskeun fungsi lain program tersebut.
Menurut dia, jika tempat wisata di hiji dasa nu mekarna gancang, tangtu otomatis
tiasa nyiptakeun produk has désa éta.
Kuayana
fasilitas internét ieu, saurna jadi faktor pendukung keur penjualan produk. Hartina,
pihakna miharep program ieu jadi stimulan pikeun masarakat keur nyiptakeun
produk.
“Malah
mandar ku promosi produkna bisa tina internét. Akun sosial mediana kan bisa dijieun.
Internétna gratis. Jadi, sok mangpaatkeun sabisa-bisa keur kamangpaatanana,” pokna.
Kupaparan
Ida éta didukung ti Komisi I DPRD Purwakarta. Sekretaris komisi éta, Ceceng
Abdul Kodir ngaku siap ngawal program éta dina tiap rapat-rapat di institusina.
Komitmen
kader Nahdlatul Ulama éta lain tanpa alesan. Ceuk anjeunna tujuan nu geus aya
tur ditetepkeun ku dinas, masarakat memang merlukeun internét keur milah-milah
informasi.
Sakumaha
dipikanyaho, ngeunaan warta hoaks jeung provokasi nu sumebar di beranda sosial
média. Tah éta hal nu merlukeun perhatian anu husus nglewatan pendampingan pamaréntah.
“Pihakna
ngarojong sakuat tanaga ti pihak legislatif mah. Mangpaatna numutkeun sim
kuring kacida ageung mangpaatna komo keur edukasi katut pelayanan publik di
tingkat désa,” poknaa.***