WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

SMPN 1 Purwakarta, Mibanda Alat Ngosrek

  SMPN 1 Purwakarta, Mibanda Alat Ngosrek  Kepala Sakola nalika mulungan runtah di luar lingkungan SMPN 1 Purwakarta, bagian tina kegiatan ...

CAMPALA MEDAR

ASISINDIRAN DINA KAHIRUPAN MASARAKAT SUNDA Urang Sunda kawilang dalit jeung wangun karya sastra anu kiwari disebut sisindiran, anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Ti bubudak éta téh. Sanajan tangtu baé, sisindiran budak mah, kawilang basajan, ngawujud dina kakawihan. Mun rék ucing-ucingan, upamana, barudak sok hompimpah heula. Hompimpah alaikum gambréng, Ma Ijah maké baju rombéng. Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

Tim Investigation OSIS SMAN Tegalwaru Méré Bantuan ka Korban Hujan Batu di Sukamulya


Salah saurang perwakilan Siswa SMAN 1 Tegalwaru masrahkeun bantuan ka Korban Bencana Hujan Batu di Kampung Hegarmanah Desa Sukamulya Kedamatan Tegalwaru, Purwakarta.*

 Purwakarta - Warta Sunda Onliné,
K
u tumibana musibah hujan batu di Kampung Handeuleum Désa Sukamulya Kecamatan Tegalwaru. Jadi soroton Tim Investigation OSIS SMAN Tegalwaru nu di pupuhuan ku  Déna Agung Maula (Ketua OSIS) sinareng rekan-rekanna. Pikeun berbagi ka korban bencana nu kaurugan batu gedé.

Ku karancagéan pihak Osis sinareng pihak sakola ngumpulkeun waragad, dina hal ieu mah para siswa rereongan masihan bantosan artos bohna acuk tilas anu layak pakai keur disumbangkeun di Désa Sukamulya Kecamatan Tegalwaru. Kitu ditetelakeun ku Wakasek Humas SMAN 1 Tegalwaru, Agus Sunarya, M.Pd ka WSO, (10/10).
Pihak Tim Investigation OSIS SMAN Tegalwaru nu di pupuhuan ku Déna Agung Maula, dibantos ku rengrengan katut didampingan Erwin Begasi, ST (Asisten Kesiswaan). “Nya Alhamdulillah, artos sareng acuk tilas anu layak pakai téh tos kakempel tur parantos dipasrahkeun ka korban bencana.” Pokna Agus.

Sedengkeu ceuk Dena Agung Maula pupuhu Tim Investigation OSIS SMA Negeri Tegalwaru, inyana kapeto ku kamusibahan nu karandapan di Kampung Handeuleum Désa Sukamulya. Nepika gawé bareng para siswa nyisihkeun artos jajan tur masihan acuk tilas anu layak pakai.***


Subscribe to receive free email updates: