WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

SMPN 1 Purwakarta, Mibanda Alat Ngosrek

  SMPN 1 Purwakarta, Mibanda Alat Ngosrek  Kepala Sakola nalika mulungan runtah di luar lingkungan SMPN 1 Purwakarta, bagian tina kegiatan ...

CAMPALA MEDAR

ASISINDIRAN DINA KAHIRUPAN MASARAKAT SUNDA Urang Sunda kawilang dalit jeung wangun karya sastra anu kiwari disebut sisindiran, anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Ti bubudak éta téh. Sanajan tangtu baé, sisindiran budak mah, kawilang basajan, ngawujud dina kakawihan. Mun rék ucing-ucingan, upamana, barudak sok hompimpah heula. Hompimpah alaikum gambréng, Ma Ijah maké baju rombéng. Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

Bupati Anne : Ngaluarkeun Kawijakan Pengelolaan Sampah Mandiri Di Tiap OPD



Purwakarta – Warta Sunda Onliné,
T
ong ngalalaworakeun ngeunaan runtah palastik. Lantaran barang anu lami terurai. Samalah nepika mangtaun-taun teruraina téh. Dina hal ieu mah, Pamaréntah Kabupatén Purwakarta kiwari tarékah jeung patéahna pikeun diadurenyomkeun babarengan ku sababaraha pihak. Sumawona, minangka ieu téh janten salah sahiji bangbaluh, sarta masalah anu kacida gedé perhatianna dina kahirupan masarakat.

Bupati Purwakarta, Anne Ratna Mustika, tungtungna mah ngadamel kawijakan nu aya pakuat-pakait sareng lingkungan. Kawijakan ieu kedah dilakukeun ku sadaya pagawé di lingkungan pamaréntahan. Dina hal ieu mah nyoko kana Surat Edaran Nomer : 658.1 / 3419 / BKPSDM, salah sahiji point anu penting nyaéta ngainstruksikeun sangkan sakabéh kantor OPD, Kecamatan jeung Kelurahan/Désa nyayogikeun tong sampah organik sareng non organik.


"Poé ieu, Surat Edaranna geus ka masing-masing OPD jeung instansi nu aya, Malahan engkéna di Purwakart tiasa dijadikeun kawijakan," saur Anne di Purwakarta, Salasa (15/10).

Surat Edaran éta, implementasi UU Nomer 18/2018 ngeunaan pengelolaan sampah.

Dipiharep kahareupna, sadayana OPD katut perangkat pamaréntah wajib nyadiakeun tempat tong sampah. Ngarah tiap runtah di tiap OPD lain saukur dipiceun ka TPA api dipilah-pilah tur tiasa dimangpaaatkeun sakumaha mistina.

"Téhnisna, pamiceunan runtah éta di tiap OPD kedah diurus ku masing-masing OPD, tuiasa milah-milah mana anu organik atanapi anu henteu organik. Saheulanan anu organik dimangpaatkeun jadi pupuk, sedengkeun nu non organik dilola tur gawé bareng eung para pelaku bank sampah. Prinsipna mah, Reduce, Reuse dan Recycle,” jelas Anne.

Anne miharep ka para ASNs jadi duta lingkungan ogé tiasa janten agén bebersih. Ku kituna, perilaku hirup bersih jeung sehat bisa ditularkeun ka masarakat. Diha hal ieu, pihakna ogé rék masihan reword atawa punishmen pikeun para ASN téh.


Malah mandar pihakna komitmen ka para kepala OPD. "Upami aya para pagawé anu ngalanggar rék dibéré hukuman, contona mun ASN tunjanganana bakal dipotong," saurna.

Numutkeun Ibu Anne, masalah sampah ieu téh lain ngan saukur tanggung jawab Lingkungan Hidup wungkul. Tapi, mangrupikeun tanggung jawab urang saréréa. Malahan geus samistina abdi nagara ieu janten picontoeun pikeun masarakat.

"Masalah runtah kedah janten tanggung jawab saréréa. Kunaon ku simkuring ditekenkeun ka para OPD, sabab bakal janten conto pikeun masarakat anu sanésna," pokna anjeunna.


Nitenan kawijakan Anne, sababaraha OPD parantos tipayun diusahakeun, ti mimiti Dinas Pendidikan ngaliwatan Peduli Sampah Plastik nu terus disosialisasna progikeun di sakola SD jeung SMP. Kitu deui Dinas Pertanian dan Pangan dina programna Urban Farming On The Road, nukeur runtah palastik jeung bibit sayuran unggul. Pon kitu deui Dinas Lingkungan Hidup ngaliwatan gawé bareng jeung Bank Sampah nu aya dina kelompok masarakat di Purwakarta.*** (ADV)

Subscribe to receive free email updates:

Related Posts :