WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

SMPN 1 Purwakarta, Mibanda Alat Ngosrek

  SMPN 1 Purwakarta, Mibanda Alat Ngosrek  Kepala Sakola nalika mulungan runtah di luar lingkungan SMPN 1 Purwakarta, bagian tina kegiatan ...

CAMPALA MEDAR

ASISINDIRAN DINA KAHIRUPAN MASARAKAT SUNDA Urang Sunda kawilang dalit jeung wangun karya sastra anu kiwari disebut sisindiran, anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Ti bubudak éta téh. Sanajan tangtu baé, sisindiran budak mah, kawilang basajan, ngawujud dina kakawihan. Mun rék ucing-ucingan, upamana, barudak sok hompimpah heula. Hompimpah alaikum gambréng, Ma Ijah maké baju rombéng. Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

WARTA TI DARANGDAN : Jamboré Ranting Darangdan 2019 Di Sahéjo



Jamboré Ranting Darangdan 2019
Di Sahéjo

“Dengan Semangat Jamboré Ranting, Kita Mantapkan Peran Gerakan Pramuka, Sebagai Sarana Pendidikan Budaya dan Karakter Bangsa”

DARANGDAN – Warta Sunda Onliné,
S
ok sanajan Milangkala Gerakan Pramuka ka-58 taun geus lekasan sababaraha poé katukang, tapi teu jadi leungiteun ma’na tina lumangsungna kagiatan. Saperti halna kagiatan Jamboré Ranting Darangdan nu lumangsung di Bumi Perkemahan Sahéjo ti ping 17 September nepika 19 September 2019.

“Dengan Semangat Jambkoré Ranting, Kita Mantapkan Peran Gerakan Pramuka, Sebagai Sarana Pendidikan Budaya dan Karakter Bangsa,” éta minangka tujuan acara pikeun mageuhkeun Persatuan jeung Kesatuan NKRI. Kitu ditétélakeun ku Sekretaris Kwarran, Ujang Saépudin, S.Pd.I, MG. (Kepala MTs.Al-Musyarofah Darangdan) ka Warta Sunda Onliné dilokasi acara, poé Salasa, (17/9).
Malah mandar para pamilonna ogé nu mibanda karakter di éta wewengkon pikeun leuwih silih mikanyaah luyu sareng wangsit siliwangi silih asih, silih asah tur silih asuh. Anapon kitu téma éta yén ajén-inajén peran kepanduan hususna di Darangdan minangka wahana atikan budaya nu panceg dina karakter bangsa Indonésia.


Lain halna ceuk Ketua Kwarran Gerakan Pramuka Darangdan, Dény Efféndi, S.Pd, yén acara nu saperti kitu téh, keur manjangkeun babarayaan tur tali silautrahmi papada pamilon hususna gerakan pramuka penggalang tepung lawung nu tadina di gugys depan masing-masing, ayeuna ngariung jeung nu sanésna nu mikacinta kana kepanduan.
Béda deui ceuk Ketua Panatacalagara, Kusnadi, S.Pd,  MG ngajelaskeun kana kagiatan Jamboré Ranting Taun 2019 Kwarran Darangdan nu dipuseurkeun di Sahéjo, ti mimiti ping 17 – 19 September 2019, témana ngeunaan “Dengan Semangat Jamboré Ranting, Kita Mantapkan Peran Gerakan Pramuka, Sebagai Sarana Pendidikan Budaya dan Karakter Bangsa”. Sedengkeun pamilon nu milu aub téh ti tingkat SD jeung SMP sa-Kecamatan Darangdan. Tiap pangkalan ngintunkeun 1 regu putra sareng 1 regu Putri tina 35 SD, 6 SMP Reguler, 2 SMP Satap sarta 2 MTs. Adi kumlah pamilonna ti Gudep Putra SD 350 urang jeung Gudep Putri SD 350 urang
Dinabiantarana  Ka. Mabiran Darangdan Adé Sumarna, SH, M.SI, miharep ka para pamilon Jamboré Ranting Taun 2019 Kwarran Darangdan, pihakna peupeujeuh istigpar eung aping adik-adik sabudeureun tempat kemping. Kituna ogé, ieu kagiatan nu mitembeyan, kapayuna tiasa janten bumi perkemahan anu maneuh. Anapon kitu Sahéo ieu bakal dijadikeun destinasi wisata.

Sedengkeun redaksi Warta Sunda Onliné ménta kamandang ti Perwakilan dua urang pamilon Jamboré Ranting Taun 2019, saperti Dimas siswa kelas 5 SDN 1 Sadarkarya nu cita-citana pamaén bola, ngarasa bungah acara kemping ieu téh, malahan nambah duduluran jeung peserta nu séjénna. Pon kitu deui ceuk Fathiya siswa kelas 6 SDN 1 Neglasari nu cita-citana dokter téh, kakara sakali miluan tapi leuwih mikacinta kana pramuka.
Acara éta dihadiran Camat Kecamatan Darandgan sarta anggota Polsek Darangdan ogé para pembina Gugus Depan Pramuka Kwartir Ranting Darangdan. DKR Kecamatan Darangdan.****

Drumband Gita Cakra Nada Al-Musyarofah (GCNA), minangka bubuka acara.*



Subscribe to receive free email updates: