FIKMIN BASA SUNDA : NGINTUN GAMBAR CÉKAS
NGINTUN GAMBAR CÉKAS
Ieu mah ngotrét téh husus kanggo anu
gapték sapertos ema.
Uninga
dong, kumaha ema-ema jaman ayeuna kana sélpi? Segut binti sumanget opat lima.
Mios kamamana pasti aya buktos. Tong boroning jalan-jalan ka luar nagri, dalah
di Nagrég ogé anu caket, pasti jeprat-jeprét selpi.
Jiga
kamari, mios ka Pasar Baru téh ngabring. Ema sabalad-balad mios ti Cicaléngka
kana Karéta Bandung Raya, ngabring opatan, katambihan ku Ami anu naék ti
stasion Cikudapateuh. Janten limaan.
Atoh
aya Ami téh janten aya juru potrét pleus penata gaya. Bari angger wé
baredegong. Dipotrét bari daroyong paséréd-séréd.
Wangsul
ti Pasar Baru ka Stasion Bandung deui waé, da kana karéta deui waé.
Ma'lum
dinten Saptu, di Stasion Bandung mah pasosonten téh sok kacida pinuhna ku calon
muatan. Muatan nu cacaketan aya, muatan anu badé ka tebihna seueur. Atuh korsi
di péron téh pinuh dicaralikan. Sapalih calik dina témbokan péron. Atuh
kapaksa ema mah sareng Ami ogé ngadon calik sarila, di péron antawis jalur 1
sareng jalur 2.
Ngobrol
duaan da balad anu tiluan mah masih ngobrol di luareun musholla nu aya di lebet
wangunan stasion. Ami ngunjukkeun kumaha carana ngadamel video boomerang sanaos
ku ema mah teu acan kapendak pikaresepeunana.
Tah
ieu anu ema nembé terang téh. Geuning upami hoyong gambar anu dikintun
ngalangkungan WA cékas, ngintunna kedah ku dokumén sanggem Ami téh. Ema téh
rungah-ringeuh da biasana mah ngintun téh sok langsung tina galeri.
Cenah
upami dikintun nganggo dokumén mah kualitas gambar anu dikintun sami sareng
aslina. Janten ukuran seukeutna (ketajaman) gambar henteu dialitkeun. Saupami
ukuran ketajaman gambar aslina 3 mega pixel, saparantos dikintunkeun ogé
ukuranana sami sakitu. Naon istilahna téh, henteu dikomprés kitu? Jiga nu
harééng atuh nya. Héhé.
Tah ngintun nganggo dokumén téh kieu
carana :
- ·
Pilari kontak WA anu badé dikintun
gambar atanapi video.
- ·
Tos muka klik gambar panyapit kertas.
- ·
Pilih dokumén.
- ·
Pilih browse other docs.
- ·
Pilih gambar anu badé dikintun.
- ·
Pung apungkeun.
Ieu mah wios nya ngabéjaan bulu tuur
ogé. Da ema mah nembé terang.
#net_linah_post