WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Ade Jo Sukses Ngorbitkeun Adi Kurniawan Tarigan Jadi Ketua PWI 2025-2028

PURWAKARTA - www.wartasunda.id,-   Ngangkat harkat darajat hiji jalma teu sagampang malikeun dampal leungeun. Tapi ku kayakinan jeung kar...

CAMPALA MEDAR

ASISINDIRAN DINA KAHIRUPAN MASARAKAT SUNDA Urang Sunda kawilang dalit jeung wangun karya sastra anu kiwari disebut sisindiran, anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Ti bubudak éta téh. Sanajan tangtu baé, sisindiran budak mah, kawilang basajan, ngawujud dina kakawihan. Mun rék ucing-ucingan, upamana, barudak sok hompimpah heula. Hompimpah alaikum gambréng, Ma Ijah maké baju rombéng. Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

Iwan Ernawan, S.Pd Dikukuhkeun jadi Pupuhu DPDK LSM GNRI Purwakarta

Iwan Ernawan, S.Pd nu kawitna Wakil Ketua ayeuna Jadi Ketua DPDK LSM GNRI Purwakarta.*

Purwakarta - Warta Sunda Onliné,
Poéan kamari, Ahad, (19/1/2020) diayakeun kagiatan Pengukuhan Ketua DPD Khusus LSM GNRI Purwakarta dilaksanakeun di Rumah Makan ceu Haji Citalang. Minangka acara éta ngagentos Kang Deni, SH nu nyangking kalungguhan janten Ketua DPW LSM GNRI Jawa Barat.
     Sedengkeun di Purwakarta kalungguhan DPDK LSM GNRI Purwakarta na mah pucuk pingpinana dipasrahkeun ka Kang Iwan Ernawan, S.Pd pikeun mupuhuan. Malah mandar inyana téh nu asalna salaku Wakil Ketua.

Rengrengan kapangurusan DPDK LSM GNRI nu dipupuhuan ku Iwan Ernawan.*

     Saur Iwan Ernawan, pihakna léngkah kapayuna badé ngiring ngarojong kana pangwangunan sacara pisik sareng ngadorong kamajuan ekonomi masarakat ku cara ngadongkapkeun investor ti pusat ngalewatan PT. Rajawali Nawa Cita Nusantara.
     Lian ti éta, "inyana ngabageakeun anggotana pikeun ngabantos tina widang perkoperasian LSM GNRI sareng ngiring ilubiung dina pangwangunan siap janten penyandang dana ti luhurna ngalewatan Yayasan Nawacita nu nyoko kana Salaan Naga nu dipupuhuan ku rayina Présiden Jokowi," pokna Iwan.***

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "Iwan Ernawan, S.Pd Dikukuhkeun jadi Pupuhu DPDK LSM GNRI Purwakarta"

Posting Komentar