DISPORAPARBUD, WARTA ATIKAN TI MANIIS : DONI CAHYANA, Pelajar ti Maniis Mapag Kejuaraan Piala “SURATIN”
Mapag
Kejuaraan Piala “SURATIN”
PURWAKARTA – Warta Sunda Onliné,
T
|
eu
sakabéh hobi bisa ka salurkeun, gumantung kana kapribadian hiji jelema. Tapi ku
kauletan jeung pangaresep mah tiasa waé. Dina hal ieu mah, di tapel wates
antara Kabupatén Purwakarta – Cianjur katut Kabupatén Bandung Barat, Kampung Roké
Désa Sukamukti Kecamatan Maniis. Pelajar SMKN 1 Maniis nu hobina nepika ka
salurkeun dina widang olahraga. Malah ayeuna jadi tim kabupatén dina
salahsahiji iven nasional tingkat pelajar.
Sebut waé wastana Doni Cahyana,
pelajar 17 taun ayeuna keur mapag kejuaraan Piala Suratin tina widang Maén Ball.
Diantara puluhan pelajar éta, minangka Cép Doni wawakil keur memperkuat skuad persepakbolaan
Pelajar Kabupatén Purwakarta. Kitu ceuk Cecep Zaenal Muslimin, salaku pembina
Olahraga di SMKN 1 Maniis.
Numutkeun Cecep, yén Doni tiasa
lebet ka Tim Persipo téh, teu gampang kitu waé. Lantaran dirina téh blusukan ka
unggal seleksi sangkan ku maha carana tiasa lebet tim maén ball. Malah sim
kuring masihan info ka Cép Doni tiap aya seleksi, kumargi ku kagigihanana éta,
ahirna Cép Doni tiasa lolos.
Ceuk Cép Doni Cahyana, naon nu
dicaritakeun ku guru leres pisan. “Nya, Abdi mah ku hobi hoyong tiasa lebet
pamaén bola. Janten tiap aya iven-iven sok ngiringan dimana waé ogé. Nya ayeuna
Abdi tiasa lebet jadi bagian tim maén ball di Tingkat Kabupatén Purwakarta.
Saur Doni, ngahaturkeun
rewu-rewu nuhun ka Bapa Kepala Sekolah katut rengrengan juru atik nu parantos
ngawidian dina mapag kejuaraan Piala Suratin.
Dina kasempetan éta ogé, Kepala
SMKN 1 Maniis, Iyan Suryadi, S.Pd, M.Si, pihakna ngarasa reueus ku aya wawakil
pelajarna bagian tina tim maén ball di Tingkat Kabupatén Purwakarta. Sok sanajan
di lembur jauh kamana-mana, sapertos Cép Doni Cahyana nu bumina di Kampung Roké
antara Maniis jeung Sukasari geuning aya nu tiasa berpréstasi.

Lain halna ceuk Kabid Olahraga
Disporaparbud Kabupatén Purwakarta, Drs. Iwan Kartiwan, MM ngan saukur
menjembatani ka Tim Persipo. Ku kituna neda pidu’ana sangkan asuhanna nu lebet
ka tim Persipo éta tiasa janten juuara piala Suratin.***
Keterangan Poto :
1. Doni Cahyana, nuju latihan
2. Tim nu lalatihan mapag Suratin 2019