WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Warta Gedung Dewan : Sekretariat DPRD, kadatangan Rengrengan Pangurus katut Anggota PWI Purwakarta

Poto bareng PWI Purwakarta jeung Sekretariat DPRD.* GEDUNG DEWAN -  www.wartasunda.id,- Sekretariat Dewan Perwakilan Rakyat Da...

CAMPALA MEDAR

ASISINDIRAN DINA KAHIRUPAN MASARAKAT SUNDA Urang Sunda kawilang dalit jeung wangun karya sastra anu kiwari disebut sisindiran, anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Ti bubudak éta téh. Sanajan tangtu baé, sisindiran budak mah, kawilang basajan, ngawujud dina kakawihan. Mun rék ucing-ucingan, upamana, barudak sok hompimpah heula. Hompimpah alaikum gambréng, Ma Ijah maké baju rombéng. Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

PLESIRAN, KANDAGA BUDAYA SUNDA : Nyi Pohaci Ngajomantara sa-Jagat Jawa Barat

Nyi Pohaci
Ngajomantara sa-Jagat Jawa Barat

PURWAKARTA – Warta Sunda Onliné,
G
eus ilaharna dina mupuhuun daérah téh ngajomantarakeun kawijakan nu jadi ajén-inajén keur ngayonan masarakat leuwih raharja. Saperti halna Kabupatén  Purwakarta nu pupuhu daérahna nu kakarabulan dilantik jadi Bupati jeung Wakil Bupati bulan September katukang. Minangka boga patekadan keur ngaraharjakeun rahayatna.
Malah mandar taun ieu mah, pasangan Bupati Purwakarta, Hj. Anne Ratna Mustika sareng Wakil Bupati Purwakarta, H, Aming minangka mitembeyan dina miéling Purwakarta dina mangsa ngokolakeun nagri. Sabagéan program geus kahontal saperti halna mobil ambulance désa keur warga geus katarima di masing-masing désa sa-Purwakarta.
Disagedengeun éta, dina mapag milangkala téh rinnéka saniskara kagiatan ku pamaréntah daérah dipagelarkeun  ti mimiti ping 16 Juli 2019 nepika 17 Agustus 2019. Pagelaran éta téh téma taun ayeuna ngeunaan Purwakarta Nyi Pohaci Festival 2019,
Kabupatén Purwakarta hajat gedé pikeun ngareuah-reuah milangkala Kota Purwakarta ka-51 taun jeung Kabupatén Purwakarta ka-188 taun nu eusi témana ngeunaan “Nyi Pohaci Sahyang Asri dina kabudayaan Sunda nu ngagambarkeun Dewi Sri/Padi nu ngalambangkeun kamakmuran masarakat luyu jeng visi misi Kabupatén Purwakarta paheuyeuk-heuyeuk leungeun geusan neruskeun Purwakarta Istiméwa. Saniskara kagiatan rék dipagelarkeun nu diantarana Mitembeyan dan Halal Bihalal (Salasa, 16 Juli 2019 jam 09.00 WIB di Balé Paseban), Muru Indung Cai Purwakarta Isimewa (Rebo, 17 Juli 2019 jam 15.30 WIB di Situ Wanayasa & Situ Buleud).

Theater Purwakarta Indung Budaya (Juma’ah, 19 Juli 2019 jam 15.30 WIB Ba’da Ashar di Situ Buleud - Pendopo) nu ringkesan acarana Ngarak Indung Cai ti Situ Buleud ka Pendopo Kabupatén kajaba dibarengan ku 9 Penari Mawa Indung Cai jeung Penari mawa bungbuahan. Satepina di Pendopo 9 Indung Cai diasupkeun kana gentong gedé ku Bupati Purwakarta jeung rengrengan kabinetna saméméhna ngayakeun prosesi upacara adat tandaning sukuran ka Gusti.
Saterusna acara Sidang Paripurna Istimewa DPRD (Saptu, 20 Juli 2019 jam 08.00 WIB di Gédong DPRD Kabupatén Purwakarta), Festival Panjat Pinang (Saptu, 20 Juli 2019 jam 15.30 WIB Ba’da Ashar di Lapang Sahaté), Wisata Kuliner “Nyi Pohaci” (Saptu, 20 Juli 2019 jam 19.00 WIB di Sepanjang Jalan KK. Singawinata Area Wiskul), Festival Tari (Saptu, 20 Juli 2019 jam 19.30 WIB di sepanjang Jalan Sudirman), Wayang Golek (Juma’ah malem Saptu , 26 Juli 2019 jam 19.30 WIB di Lapang Linggasari Darangdan pintonan 3 dalang Ki Dalang Dadan Sunandar Sunarya, Ki Dalang Wawan Dede Amung Sutarya sarta Ki Dalang Cilik Yudistira Manunggaling RH).
Festival Budaya Nyi Pohaci “Rekor Muri Ngarak Awug” (Saptu, 27 Juli 2019 jam 19.30 WIB di Jalan Jend. Sudirman, Pertokoan GS – RE. Martadinata) ringkesan acarana di mimitian mawa paré ti Kampung Adat sa-Jawa Barat saterusna Kereta Kencana nu dikawal ku Pasukan Berkuda, kajaba tiap Kecamatan sa-Purwakarta jeung 9 kasenian Nusantara sarta ditutup arak-arakan makanan tradisional “Awug” rekor Muri. Dina hal ieu mah para OPD mawa Awug dihias nu diameter 20 centi maké cecempeh diarak-arak tandaning Kaolahan has Sunda tong nepika tumpur.
Salajengna acara Festival Kuliner Olahan Beras “Budak Sakola Jualan” (Saptu, 03 Agustus 2019 jam 15.30 WIB di Patung Jalan Jend. Sudirman – Yogya Deptstore nu ringkesa acarana tiap sakola ti tingkat SD/SMP ngawakilan muridna maraké raksukan pangsi hideung + iket katut kabaya pikeun dialajar jualan sarupaning kaolahan tina bahan béas saperti kueh putu, awug, surandil, surabi, dodol jeung réa-réa deui.  
Riung Mungpulung Tetengger Nagri atawa Pengukuhan Paskibra, DNR Marching Band jeung Penyematan Satya Lencana Karya (Kemis, 15 Agustus 2019 jam 09.00 WIB di Maya Datar). Renungan Suci (Juma’ah, 16 Agustus 2019 jam 00.00 WIB di Taman Pahlawan Sirna Raga), Detik-Detik Proklamasi (Saptu, 17 Agustus 2019 jam 08.00 WIB di Taman Pasanggrahan Padjaran atawa Alun-Alun Kiansantang), Festival Kendaraan Hias (Saptu, 17 Agustus 2019 jam 11.00 WIB di jalan antara Jl. Basuki Rahmat – Jl. RE. Martadina – Jl. Jend. Sudirman), Nyi Pohaci Photograpy Festival (Senin – Saptu, 05 Agustus – 10 Agustus 2019 di Kabupatén Purwakarta), Purwakarta Relaxing Road In Colour (Minggu, 04 Agustus 2019 jam 07.00 WIB Start Lapang Sahaté – Finish Taman Pasanggrahan Padjajaran), Festival Ngaliwet (Juma’ah, 16 Agustus 2019 jam 19.30 WIB di areal Lapang Parkir Ganda Negara) sarta ditutup Tembang Kenangan (Juma’ah, 16 Agustus 2019 jam 21.00 WIB di Taman Maya Datar).*** Anto Sukanto   

Subscribe to receive free email updates: