Zonasi PPDB 2019
Kedah Pada Nalingakeun
Gédong Linuhung – Warta Sunda Onliné,
oé
Senen, 24/6-2019, Warta Sunda Onliné ngahaja ngadongdon ka Gédong Linuhung di
Gang Beringin. Isuk kénéh para pagawé geus saget pada ngumpul pikeun ngalaksanakeun sakumaha mistina dina
tiap poé Senen jeung Juma’ah kasebutna apel pagi. Natrat katingal pagawé ti mimiti
Pengawas SD, Perwakilan Kepala Sekolah nu aya dina beungkeutan K3S (Kelompok
Kerja Kepala ) SD, Kepala SMP sa-Purwakarta sarta para pagawé dinas anu tugasna
di korwil tiap kecamatan pagawé tupoksina hususna kana Aset, Kepegawaian tur
BOS katut siswa-siswi SMA/SMK/MA perwakilan nu keur PSG di Kantor Dinas
Pendidikan Kabupatén Purwakarta.

Dina hal ieu, aranjeuna narima
arahan ti Pa Kadisdik ngeunaan PPDB taun ajaran 2019//2020. Malah mandar Pa
Kadis, H. Purwanto, S.Pd, M.Pd peupeujeuhna hususna para pengawas binaan pikeun
rancingeus ngamonitoring PPDB hususna siswa-siswi
SD nu ngalajengkeun ka SMP peryogi ditalingakeun ka unggal SMP/MTs di
masing-masing kecamatan luyu sareng zonasi nu geus ditetepkeun ku pamaréntah.
“Pokonna barudak kedah
neraskeun ka SMP/MTs atanapi ka ponpes. Malah datana kedah aya dugika ping 28
Juli 2019.” Pokna harepan Pa Kadis.***
Sudah saatnya bangkit dari keterpurukan...
0 Response to "WARTA ATIKAN : Zonasi PPDB 2019 Kedah Pada Nalingakeun"
Posting Komentar