WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Ceuk Anggota DPR Komisi DPR Mufti Anam : Ayeuna Sadayana Dipajak, Malah Amplop Kawin Ge…

  Ceuk Anggota DPR Komisi DPR Mufti Anam : Ayeuna Sadayana Dipajak, Malah Amplop Kawin Ge… JAKARTA –  www.wartasunda.id Déwan Perwakila...

CAMPALA MEDAR

ASISINDIRAN DINA KAHIRUPAN MASARAKAT SUNDA Urang Sunda kawilang dalit jeung wangun karya sastra anu kiwari disebut sisindiran, anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Ti bubudak éta téh. Sanajan tangtu baé, sisindiran budak mah, kawilang basajan, ngawujud dina kakawihan. Mun rék ucing-ucingan, upamana, barudak sok hompimpah heula. Hompimpah alaikum gambréng, Ma Ijah maké baju rombéng. Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

WARTA ATIKAN TI PLÉRÉD : Kabiasaan Aréng/Tapas Kalapa Bahan keur Nyikat Gigi


Kabiasaan Aréng/Tapas Kalapa
Bahan keur Nyikat Gigi

PLÉRÉD – Warta Sunda Onliné,
G
EUS ilaharna dina kasehatan yén dina bebersih téh teu leupas tina ku kabiasaan nyarikat gigi, saperti halna baruda lembur di Désa Gandamemekar, Kacamatan Pléréd, Kabupatén Purwakarta sawatara watu katukang didongdon ku pihak Puskesmas Pléréd. 

Dina hal ieu mah, pihak Puskemas Pléréd, ngahaja milih dilembur singkur téh, lantaran cénah aya kénéh warga masarakat nu nyikat gigi maké areng jeung tapas kalapa. Padahal tina hasil medis mah éta téh garuksak kana gigi. Tapi, geuning éta mah puluhan taun katukang basa sim kuring keur alit kénéh. Kitu ceuk Kepala SDN 2 Gandamekar, Ujat S, S.Pd basa tepung lawung jeung Warta Sunda Onliné disakolana can lila ieu Rebo (27/3).


Ku ayana dongdonan ti pihak Puskesmas, keur SDN 2 Gandamekar teu diengkekeun deui barudakna ngahaja dititah ngariung diburuan sakola. Malah mandar guruna ogé milu aub ngatur barudak unggal kelas ngariung diburuan sakola luyu jeung kelas na sewang-sewangan.

Sedengkeun pihak Puskesmas méré materi ngeunaan cara-cara nyikat gigi anu bener tur ngajelaskeun gigi anu sehat téh saperti nu kumaha. Ti mimiti milih sikat gigi, odol tur gigi anu sehat diterangkeun ka puluhan barudak SDN 2 Gandamekar.

Atuh, barudak nu tadina males nyikat gigi téh, unggal urangna kapariksa. Malahan barudak nyarekel gayung jeung nyoyoo sikat gigi keur meresihan gigina masing-masing.**** Anto S


Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "WARTA ATIKAN TI PLÉRÉD : Kabiasaan Aréng/Tapas Kalapa Bahan keur Nyikat Gigi"

Posting Komentar