WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Bener Henteuna : Dalih SMK TARUNA SAKTI Purwakarta Nahan Ijzah Alumni???

Bener Henteuna : Dalih SMK TARUNA SAKTI Purwakarta Nahan Ijazah Alumni??? PURWAKARTA - www.wartasunda.id     "Larangan pamaréntah ka l...

CAMPALA MEDAR

ASISINDIRAN DINA KAHIRUPAN MASARAKAT SUNDA Urang Sunda kawilang dalit jeung wangun karya sastra anu kiwari disebut sisindiran, anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Ti bubudak éta téh. Sanajan tangtu baé, sisindiran budak mah, kawilang basajan, ngawujud dina kakawihan. Mun rék ucing-ucingan, upamana, barudak sok hompimpah heula. Hompimpah alaikum gambréng, Ma Ijah maké baju rombéng. Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

WARTA TI MANIIS : Néng Syifa Najwa Siswa SDN 1 Citamiang Diberok Dina P-SSP 2019

Néng Syifa Najwa
Siswa SDN 1 Citamiang 
Diberok Dina P-SSP 2019
MANIIS – Warta Sunda Onliné,
D
INA Saba Budaya sawatara waktu katukang, keur Urang Maniis nu padumukan di wewengkon Désa Citamiang mah. Minangka nu jadi kolot pon kitu widang atikan. Niténan kaparigelan barudak nu diberok dina salah sahiji kagiatan komo ieu masih dina saniskara kagiatan miéling poé Basa Indung Sa-dunya. Dina hal ieu mah, pihak MGMP Basa Sunda geus magelarkeun kagiatan Pasaggiri Sirung Sunda Pinilih ti Tingkat SD/MI, SMP/MTs jeung SMA/MA/SMK nu dipuseurkeun di SMPN 7 Purwakarta.
Ku hal éta, siswa SD Negeri 1 Citamiang Kecamatan Maniis minangka kalebet jadi pinunjul Sirung Sunda Pinilih 2019 tingkat SD. Siswana éta téh wastana Néng Syifa Najwa kelas 5 juara dina widang Maca Sajak Sunda.
Nepika ka ku pihak panatacalagara Néng Syipa Najwa diberok di Désa Cihanjawar Kecamatan Bojong. Tapi saméméhna Néng Syifa téh dijajap ku pembimbingna ku Ibu Awat Setiawati, S.Pd, ngan saukur jajap. Kadituna mah langsung ku pihak panatacalaga Sirung Sunda Pinilih nu hasil juara-juarana téh diberok ceuk bahasa legegna mah dikarantina pikeun leuwih jero dina urusan pakuat-pakait panitia dina ngawanohkeun ka budayaan Sunda. Kitu ceuk Néng Syifa nalika ditaros ku Warta Sunda Onliné, disakolana poé Salasa (26/3) di SDN 1 Citamiang.
Néng Syifa nambihkeun yén dirina téh salila sapoé éta mah ku pihak panitia ngahaja diwanohkeun kana budaya Sunda. Kajaba ngarasa reueus tiasa tepang sareng rerencangan para pamilon mana komo tepang sareng AA, Teteh di tingkat SMP/MTs jeung SMA/MA/SMK  ngariung silih simbeuh kaasih. KItuna ogé, diberok téh ku panatacalagara pikeun mintonkeun widang nu lain saperti mintonkeun maca warta Sunda.
Ceuk Kepala SDN 1 Citamiang, Hj. Uum Sumiati, S.Pd ningali anak didikna lebet kana pangberokan ku pihak MGMP Basa Sunda éta, bingah amarwatasuta. Lantaran hiji nonoman ti SDN 1 Citamiang tiasa milu aub jeung kacamatan nu séjén téh, pang bagéa keur Kacamatan Maniis, keur mah murangkalih Néng Syifa téh nu janten mamahna alumni SDN 1 Citamiang nu ayeuna ngatik jeung ngadidik di SMAN 1 Maniis, nyaéta Yéni Nuraéni, S.Pd, M.Pd, ka ajar keur kelas 4 mah, kituna ogé inyana ngarojong murangkalihna tiasa mibanda bakat hususna widang kasundaan dina Maca Sajak Sunda.
Dina kasempetan éta ogé, Yéni Nuraéni, S.Pd, M.Pd (mamahna Néng Syifa) ngahaturkeun rewu-rewu nuhun ka rengrengan juru atik SDN 1 Citamiang nu paranto merhatoskeun murangkalihna nepika nyangking juara Maca Sajak Sunda.*** Anto S.






Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "WARTA TI MANIIS : Néng Syifa Najwa Siswa SDN 1 Citamiang Diberok Dina P-SSP 2019"

Posting Komentar