WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Kedubes Oslo Ngaresmikeun Réstoran Indonésia "Boboko" di Oslo, Norwégia

Duta Besar Indonésia pikeun Norwégia, Teuku Faizasyah, sacara resmi muka réstoran Indonésia anu disebut "Boboko" di Désa VIA, sala...

CAMPALA MEDAR

ASISINDIRAN DINA KAHIRUPAN MASARAKAT SUNDA Urang Sunda kawilang dalit jeung wangun karya sastra anu kiwari disebut sisindiran, anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Ti bubudak éta téh. Sanajan tangtu baé, sisindiran budak mah, kawilang basajan, ngawujud dina kakawihan. Mun rék ucing-ucingan, upamana, barudak sok hompimpah heula. Hompimpah alaikum gambréng, Ma Ijah maké baju rombéng. Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

WARTA ATIKAN TI CIBATU -CIBATU KANTORNA KEUR DIENCET SABADA UPTD PENDIDIKAN BUBAR


CIBATU KANTORNA KEUR DIENCET
SABADA UPTD PENDIDIKAN BUBAR


CIBATU – Warta Sunda Onliné
P
IKEUN ngaronjatkeun sumanget gawé alayan junun Kelompok Kerja Kepala Sekolah (K3S) Kecamatan Cibatu karék réngsé mémérés kantor. Kitu saur Dasuki, S.Pd (Kepala SDN Cipinang Kecamatan Cibatu) nalika tepung lawung jeung Warta Sunda Onliné di kantorna Koodinator Cabang Bidang Pendidikan (Korwilcambidik) Kecamatan Cibatu, poé Saptu (23/2).
Keur ngahontal ajén pendidikan nu hadé di sagigireun panitén guru, ogé panalinga K3S. Ketua K3S Kecamatan Cibatu, Dasuki, S.Pd, niténan ré bubarna UPTD Pendidikan di tiap kecamatan, miharep sangkan aya kantor tilas UPTD Pendidikan Kecamatan Cibatu ieu téh kantor saréréa, ku kituna dina mapag kawijakan anyar nu tadina UPTD Pendidikan Kecamatan Cibatu ayeuna badé robih lembaga jadi Korwilcambidik Kecamatan Cibatu, nya kantorna ku urang dipiara.
Tarékahna ku cara ngecet kantor Korwilcambidik, ti mimiti beulah kidul, kalér, kulon jeung wétanna, dicat kalayan ayana suasana anyar. Apanan upami kantorna resik tur beresih, komo bari jeung rapih mah, tangtu mawa betah keur urang nu ngeusina.
“Sok sanajan kantor ngan dieusi ku tilu urang pagawé dinas pendidikan, tapi upami aya urusan rapat-rapat mah bisa dipaké luyu sareng kabutuhan. Poma deui ayeuna mapag acara Tingkat Kabupatén nu aya dina kagiatan PENTAS PAI nu dipuseurkeun di Kecamatan Cibatu, sok sanajan acarana di SMA Negeri 1 Cibatu. Tapi ari tamu-tamuna tangtos caricing na di kantor ieu (Korwilcambidik-red),” pokna Ketua K3S Kecamatan Cibatu.
Ceuk Ading, S.Pd guru SD Negeri Cikadu, ngabenerkeun ungkara diluhur téh, malah inyana milu ngabantuan dina ngecet témbok tur lis-lis jandela.*** Anto S.

Subscribe to receive free email updates:

1 Response to "WARTA ATIKAN TI CIBATU -CIBATU KANTORNA KEUR DIENCET SABADA UPTD PENDIDIKAN BUBAR"