WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Kedubes Oslo Ngaresmikeun Réstoran Indonésia "Boboko" di Oslo, Norwégia

Duta Besar Indonésia pikeun Norwégia, Teuku Faizasyah, sacara resmi muka réstoran Indonésia anu disebut "Boboko" di Désa VIA, sala...

CAMPALA MEDAR

ASISINDIRAN DINA KAHIRUPAN MASARAKAT SUNDA Urang Sunda kawilang dalit jeung wangun karya sastra anu kiwari disebut sisindiran, anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Ti bubudak éta téh. Sanajan tangtu baé, sisindiran budak mah, kawilang basajan, ngawujud dina kakawihan. Mun rék ucing-ucingan, upamana, barudak sok hompimpah heula. Hompimpah alaikum gambréng, Ma Ijah maké baju rombéng. Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

PIEUNTEUNGEUN PILPRÉS (2) - UTANG-ITUNG HUNYUDAN AKUN - Ku : Dadan Sutisna

PIEUNTEUNGEUN PILPRÉS (1) - 
UTANG-ITUNG HUNYUDAN AKUN
------
Ku : Dadan Sutisna


"Mani asa harénghéng ayeuna mah muka Facebook téh. Hayoh wé paraséa. Nu teu eureun nyetatus pulitik mending 'unfollow' atawa 'unfriend' sakalian. Piraku gara-gara pilprés rék bengkah silaturahmi?" jeung réa-réa deui. Sanajan kekecapanana teu persis, sok remen némbongan nu ngedalkeun uneg-uneg cara kitu téh. Jolna nya ti babaturan teu kendat miharep katingtriman. Sanajan pamohalan ari nepi tiis jempling kawas di kuburan mangsa tengah peuting ngeweng-ngeweng mah.

Naha enya kaayaan téh geus sakitu sahéngna? Sabéngbatan mah bisa jadi enya, kitu gé dina médsos. Kawas nu ditepikeun méméhna, di "dunya nyata" mah karéréaan jalma nyorang hirup sabiasana. Di tempat gawé (kuring), tara ieuh ngobrolkeun pilprés. Ukur sakali-kalieun, kitu gé mun aya kajadian nu keur haneut. Jeung tara nepi ka hoghag débat, papada surti baé. Kuring boga kayakinan yén dina enas-enasna mah rasa kamanusaan jeung duduluran ngarekahan mangsa tepung. Ieu kungsi dibuktikeun, dua jalma nu kontra soal pilihan sina ngopi duaan di kafé, naha da batan hoghag perkara pilprés mah kalah ka nyaritakeun pelayan nu gareulis. Kawasna ribut sotéh mun geus ngagulung, bari tangtu aya nu ngahucuhkeun, éta mah béda deui lalakonna.
Keur ngabuktikeun yén réréana babaturan dina Facebook téh geus papada surti soal pilihan, urang cobaan maké survéy leuleutikan. Nu boga akun Facebook bisa milu nyobaan, najan hasilna bisa jadi béda-béda—gumantung kana jumlah jeung karesep babaturan. Survéy ieu husus keur akun nu 'nétral', hartina teu kungsi 'unfollow' atau 'unfriend' akun séjén nu dianggap 'gandéng'. Waktu nu diperlukeun kira-kira saminggu mun ku cara manual, mun maké pakakas analisis kontén mah sapeuting gé anggeus. Ari péréléanana kawas kieu:

(1)
 Itung jumlah babaturan dina Facebook. Cirian mana baé nu aktif jeung nu henteu, lantaran akun nu teu aktif mah moal diasupkeun kana analisis. Tina sahunyudan akun téh, horéng nu aktif nyetatus mah ukur 50—60%. Mun urang boga 4.000 babaturan, nu aktif mah paling 2.000-an.

(2)
 Ieu nu rada beurat lantaran kudu ngimeutan sakur status keur masing-masing akun jero tilu bulan katompérnakeun. Jadi upama jumlah babaturan aktif aya 2.000, rata-rata sapoéna nyetatus dua kali, urang kudu maca 360.000 status. Asa euweuh gawé nya, dipikir-pikir mah. Mun maké pakakas analisis kontén tangtu leuwih gancang. 'Artificial Intelligence' bisa mantuan naha hiji status téh aya ambeu pulitik atawa henteu. Hasilna, teu leuwih ti 10% babaturan urang nu remen nyaritakeun pilrés. Teu leuwih ti 200 akun. Mun aya nu bisa nepi ka satengahna, wartosan simkuring.

(3)
 Tina 10% téa, urang pilah-pilah deui: (a) Akun ti hiji partai, hartina nu nyekel akun téh jadi anggota partai. Nya ieu mah pantes wé sanajan tohtohan mélaan hiji pilihan gé, da apan aya kapentinganana. (b) Akun tim suksés. Teu ngabibisani sanajan bébéakeun ngagogoréng lawan gé, da apan kitu padamelanana, aya buruhna deuih. (c) Akun rélawan. Mélaan hiji pilihan tanpa pambrih. Umumna didadasaran ku sajarah hirupna séwang-séwangan, tur biheung bisa dionggét-onggét deui. (d) Simpatisan, geus kaciri condongna ka hiji pilihan, tapi moal nepi ka ngalanglayung sanajan pilihanana kasoran.

(4)
 Facebook midangkeun sajumlahing status di tepas (beranda) dumasar kana algoritna nu hasilna béda-béda dina unggal akun. Sanajan kitu, akun nu ditandaan 'sponsor' (hartina mayar ka Facebook) bakal remen némbongan. Tapi bisa dipastikeun yén nu terus-terusan jeung militan mah akunna éta-éta kénéh.

(5)
 Pangbagéa balaréa kana status pulitik umumna mah handap. Komo mun éta status pinuh ku kaceuceub. Jumlah 'like'-na teu sabaraha, malah aya nu geus 10 poé ukur di-'like' ku wewelasan. Kurangna pangbagéa téh bisa bandingkeun kieu: upamana hiji akun nyetatus pulitik, 'like'-na ukur 50, tapi waktu ngaganti foto profil mah bisa tilu kali lipetna. Mun ramé ku koméntar, nu koménna gé éta-éta kénéh. Iwal ti pikeun akun-akun nu geus ténar, atau 'share'-na réa. Ari akun biasa mah moal leuwih ti 200. Malah meunang 100 gé seuseut.
Patali jeung pilprés katut pilég, beranda téh saenyana mah diramékeun ku akun nu jumlahna saeutik upama dibandingkeun jeung sakabéh babaturan urang dina Facebook. Tapi jadi sahéng lantaran nu boga akunna militan, sapoé nepi ka bisa mosting welasan status; ayana grup nu condong ka salah sahiji pilihan, akun sponsor pulitik, jeung 'sharing' nu terus-terusan.
Tah, naha akun nu saeutik téa téh bisa mangaruhan ka nu leuwih réa? Hiji mangsa, urang cobaan analisis deui. Lantaran karurusuh ku urusan kasab, ieu tulisan seja ditutup ku hiji jalma nu keur gogorowokan: "Kadé nya, pilihan urang téh nangtukeun nasib bangsa ka hareupna. Ulah salah milih! Ulah salah milih!" pokna bari ngalungkeun runtah ka walungan, biur mawa motor ka lebah jalan raya, teu dihélem-hélem acan.***

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "PIEUNTEUNGEUN PILPRÉS (2) - UTANG-ITUNG HUNYUDAN AKUN - Ku : Dadan Sutisna"

Posting Komentar