WARTA ATIKAN TI CIBATU -CIBATU KANTORNA KEUR DIENCET SABADA UPTD PENDIDIKAN BUBAR
P
|
IKEUN
ngaronjatkeun sumanget gawé alayan junun Kelompok Kerja Kepala Sekolah (K3S)
Kecamatan Cibatu karék réngsé mémérés kantor. Kitu saur Dasuki, S.Pd (Kepala
SDN Cipinang Kecamatan Cibatu) nalika tepung lawung jeung Warta Sunda Onliné di
kantorna Koodinator Cabang Bidang Pendidikan (Korwilcambidik) Kecamatan Cibatu,
poé Saptu (23/2).
Keur
ngahontal ajén pendidikan nu hadé di sagigireun panitén guru, ogé panalinga
K3S. Ketua K3S Kecamatan Cibatu, Dasuki, S.Pd, niténan ré bubarna UPTD
Pendidikan di tiap kecamatan, miharep sangkan aya kantor tilas UPTD Pendidikan
Kecamatan Cibatu ieu téh kantor saréréa, ku kituna dina mapag kawijakan anyar
nu tadina UPTD Pendidikan Kecamatan Cibatu ayeuna badé robih lembaga jadi
Korwilcambidik Kecamatan Cibatu, nya kantorna ku urang dipiara.
Tarékahna
ku cara ngecet kantor Korwilcambidik, ti mimiti beulah kidul, kalér, kulon
jeung wétanna, dicat kalayan ayana suasana anyar. Apanan upami kantorna resik
tur beresih, komo bari jeung rapih mah, tangtu mawa betah keur urang nu
ngeusina.
“Sok
sanajan kantor ngan dieusi ku tilu urang pagawé dinas pendidikan, tapi upami
aya urusan rapat-rapat mah bisa dipaké luyu sareng kabutuhan. Poma deui ayeuna
mapag acara Tingkat Kabupatén nu aya dina kagiatan PENTAS PAI nu dipuseurkeun
di Kecamatan Cibatu, sok sanajan acarana di SMA Negeri 1 Cibatu. Tapi ari
tamu-tamuna tangtos caricing na di kantor ieu (Korwilcambidik-red),” pokna
Ketua K3S Kecamatan Cibatu.
Ceuk
Ading, S.Pd guru SD Negeri Cikadu, ngabenerkeun ungkara diluhur téh, malah
inyana milu ngabantuan dina ngecet témbok tur lis-lis jandela.*** Anto S.
Mugia kantorna teu tambah sepi!!!
BalasHapus