WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Bener Henteuna : Dalih SMK TARUNA SAKTI Purwakarta Nahan Ijzah Alumni???

Bener Henteuna : Dalih SMK TARUNA SAKTI Purwakarta Nahan Ijazah Alumni??? PURWAKARTA - www.wartasunda.id     "Larangan pamaréntah ka l...

CAMPALA MEDAR

ASISINDIRAN DINA KAHIRUPAN MASARAKAT SUNDA Urang Sunda kawilang dalit jeung wangun karya sastra anu kiwari disebut sisindiran, anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Ti bubudak éta téh. Sanajan tangtu baé, sisindiran budak mah, kawilang basajan, ngawujud dina kakawihan. Mun rék ucing-ucingan, upamana, barudak sok hompimpah heula. Hompimpah alaikum gambréng, Ma Ijah maké baju rombéng. Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

Wawangsalan


WAWANGSALAN



Wawangsalan téh nyaéta sisindiran anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Dina sindir diwangun deui ku cangkang jeung wangsal. Anu dijieun wangsalna téh tara ditétélakeun, tapi kudu ditéangan tina bagian eusi. Wangsal téh sok murwakanti jeung salah sahiji kecap anu aya dina bagian eusi téa. Nilik kana wangunna, wawangsalan téh diwangun ku dua padalisan: sapadalisan sindir, sapadalisan deui eusi. Jumlah engang dina unggal padalisan nyaéta dalapan engang.

1. Ngampar lawon keur netepan
Mugia getol ibadah
Wangsalna? Sajadah

2. Kanggo pameget netepan
Mésérna sanés ti warung
Wangsalna? Sarung

3. Kanggo istri mun netepan
Kadé najis bilih keuna
Wangsalna? Mukena

4. Nutup mastaka netepan
Poma ulah sagawayah
Wangsalna? Kopéah

5. Raksukan teuing ku panjang
Aya karang dina damis
Wangsalna? Gamis

6. Tudung kanggo nutup orat
Ka Sumedang muru kebab
Wangsalna? Jilbab

7. Raksukan muslim pameget
Mésérna geuning ti toko
Wangsalna? Koko

8. Keur itungan lamun dikir
Omat kudu maca kabéh
Wangsalna? Tasbéh

9. Buku eusi ayat Alloh
Nu éta mah lain koran
Wangsalna? Alquran

10. Nyampay na taktak Pa Haji
Dianggo keur Idul kurban
Wangsalna? Sorban

WAWANGSALAN

1. Paranti gamparan calik
Omat teu kénging di sisi
Wangsalna? KORSI

2. Paranti salira ébog
Kadé teu kénging digusur
Wangsalna? KASUR

3. Tempat keur salira siram
Bari ku ibu diemban
Wangsalna? JAMBAN

4. Tempat geusan pusak-pasak
Teu kedah bari dipupur
Wangsalna? DAPUR

5. Geusan nyimpenan anggoan
Sanés nyimpen kuéh mari
Wangsalna? LOMARI

WAWANGSALAN

1. Inuman warnana hideung
Janten réncang kanggo numpi
Wangsalna? KOPI

2. Inuman tina cipati
Sok reuwas mun aya gugur
Wangsalna? BAJIGUR

3. Inuman asal ti éngang
Ditambahkan ku cangkudu
Wangsalna? MADU

4. Inuman rasana lada
Mun tibra sok kérék nyegrék
Wangsalna? BANDRèK

5. Inuman loba warnana
Diajar sok soson-soson
Wangsalna? ORSON



Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "Wawangsalan"

Posting Komentar