Basa Gaul Milenia - Kecap 'hédéd'.
HÉDÉD
#netlembur_kuring
#netlembur_kuring
Mapay
laratan nu lawas kalangkung.
Seratan tamba ngadaweung, manawi diajar ngejah laratan kecap, nu mindeng kareungeu ti papada urang, dina mangsa manggih hal nu matak hélok, atawa kecap tawis nembrakeun kareueus kana hiji hal nu katingal tur nyerep kana pangrasa, alatan kataji.

Kecap téh teu bireuk 'hédéd'.
Minangka kecap kacapangan, atawa ilaharna kiwari, dikenal kuistilahna basa gaul.
Minangka kecap kacapangan, atawa ilaharna kiwari, dikenal kuistilahna basa gaul.
Kecap hédéd
minangka kecap nyulikat tina kecap hadé. Kecap nu diniatan keur nembrakeun
kareueus kana kapinunjulan, dina mangsa ngawangkong. Jadi kareueus téh ukur aya
dina ciptaan. Kecap nu asalna ngan dibasakeun dina lingkungan sakurén, kalamian
nerekab ka saban madhab, dibasakeun jadi
kacapangan keur nunjukkeun kahélok rasa.
kacapangan keur nunjukkeun kahélok rasa.
Teu bina
jeug kecap 'hébring' nu nyulikat tina kecap hebat tur ginding. Laratana gé teu
geséh jeung kecap hédéd, minangka sulikatan tina kecap hadé.
Baheula,
di Jakarta kungsi nerekab basa gaul di kalangan para bandit. Béh dieuna dikenal
basa préman, sulikatan kecap préman jadi prokém, lantaran beuki dieu basa téh
dina pergaulan sok hayang leuwih singket nya ised ngajadi kecap okém.
Contona
:
duit - doku
kemana - kemokan
ga ada - gara daé
jeung sajabana.
duit - doku
kemana - kemokan
ga ada - gara daé
jeung sajabana.
Lumangsungna
parobahan basa, teu ukur di Jakarta, malah rambatkamalé ka saban wewengkon, nya
nu kungsi mahabu di tatar Sunda mah teu gembléng di jieunan sulikatan
basa.
Jeungna dina basa Sunda, jigana harita taya nu mahér nyiptakeun, ngaropéa basana, teu siga di Jakarta, ku yasana Mat Béndot urang Tanah Tinggi, Basa nu meunang ngaropéa téh maneuh tug nepika ayeuna.
Jeungna dina basa Sunda, jigana harita taya nu mahér nyiptakeun, ngaropéa basana, teu siga di Jakarta, ku yasana Mat Béndot urang Tanah Tinggi, Basa nu meunang ngaropéa téh maneuh tug nepika ayeuna.
Latarna
basa préman gancang sumebarna ka sakukiah madhab téh alatan:
kahiji, minangka wewengkon ibu kota nagara urang.
kaduana, wewengkon Senen (Tanah Tinggi) mangrupakeun tempat kumpulna para pasohor, artis, biduan, jawara saban wilayah pilemburan jeung nu natakuna kuayana Planét Senen nu kakoncara ka mancanagara mangsa harita.
Sasieureun ieu seratan malar jadi béja nu munasabah luyu jeung getakna jaman.***

0 Response to "Basa Gaul Milenia - Kecap 'hédéd'."
Posting Komentar