WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Bupati Purwakarta : Saepul Bahri Binzein di Kritik ku Verrel Bramasta Soal Pendidikan Berkarakter di Barak Militer

Bupati Purwakarta : Saepul Bahri Binzein di Kritik ku Verrel Bramasta Soal Pendidikan Berkarakter di Barak Militer "Kuring geus lalajo ...

CAMPALA MEDAR

ASISINDIRAN DINA KAHIRUPAN MASARAKAT SUNDA Urang Sunda kawilang dalit jeung wangun karya sastra anu kiwari disebut sisindiran, anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Ti bubudak éta téh. Sanajan tangtu baé, sisindiran budak mah, kawilang basajan, ngawujud dina kakawihan. Mun rék ucing-ucingan, upamana, barudak sok hompimpah heula. Hompimpah alaikum gambréng, Ma Ijah maké baju rombéng. Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

PANG BAGEA

Purwakarta Sukses Magelaran
Pagelaran TILU WARNA DRAMA
Warta Sunda Online,
Pangbagea kanggo rengrengan kagiatan "Pagelaran TILU WARNA DRAMA" nu parantos sukses magelarkeun kagiatan di Kabupaten Purwakarta nu dikokojoan ku Kang H. Taufik Faturohman. Sok sanajan dina waktuna aya rereged nu disanghareupan. Tapi tetep konsen jeung panceg ngagelar eta kagiatan.
Mugia acara nu saperti kitu dipiharep kanggo para siswa muncul rasa micinta jeung mikanyaah kana tradisi.Malah alusna mah hidep ge kudu bisa mentaskeun gending karesmen, jadi pamaenna.
Rukun gawé sareng Lembaga Bahasa &  Sastra Sunda (LBSS) gawé bareng jeung Musyawarah Guru Mata Pelajaran (MGMP) Basa Sunda Kabupatén Purwakarta katut Klinik Bahasa (KiBa) ngayakeun kagiatan “Pagelaran Tilu Warna Drama".*** ANTO

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "PANG BAGEA"

Posting Komentar