WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Bupati Purwakarta : Saepul Bahri Binzein di Kritik ku Verrel Bramasta Soal Pendidikan Berkarakter di Barak Militer

Bupati Purwakarta : Saepul Bahri Binzein di Kritik ku Verrel Bramasta Soal Pendidikan Berkarakter di Barak Militer "Kuring geus lalajo ...

CAMPALA MEDAR

ASISINDIRAN DINA KAHIRUPAN MASARAKAT SUNDA Urang Sunda kawilang dalit jeung wangun karya sastra anu kiwari disebut sisindiran, anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Ti bubudak éta téh. Sanajan tangtu baé, sisindiran budak mah, kawilang basajan, ngawujud dina kakawihan. Mun rék ucing-ucingan, upamana, barudak sok hompimpah heula. Hompimpah alaikum gambréng, Ma Ijah maké baju rombéng. Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

WARTA TI CAMPAKA

Ketua PD II PGRI Kabupatén Purwakarta, H.M.Rasmita NS, S.pd, M.Pd Ngistrenan Ketua sinareng Pangurus PGRI Cabang Campaka

SAIP, S.Pd
Mupuhuan PGRI Cabang Campaka Periode 2018-2023
Warta Sunda Online, 
Persatuan Guru Republik Indonésia (PGRI) Cabang Campaka pangurus heubeul geus lekasan, kiwari pangurus anyar baris ngalalakon di babakan Campaka. saperti halna ping 23 Nopember 2018, PD II PGRI Kabupatén Purwakarta parantos nyaksenan lumangsungna konfercab di Campaka, tur diistrenan ping 28 Nopember 2018 nu katukang.
Nilik tina kaayaan Kabupatén Purawakarta ti wrsih 2017-2018 kamari pihak pamaréntah na keur guyub ti mimiti pilkada jeung pasualan nu lain. Nepika konfercab PGRI Campaka katolér-tolér. "Nya, dina waktosna ping 23 Nopember 2018, naon nu jadi agenda pikeun ngayakeun konfercab téh katedunan. Da dikumah-kumaha ogé ari pihakna mah ngantosan komando," kitu ceuk Saip, S.Pd (Ketua K3S SD Kecamatan Campaka) disakolana di SDN Bénteng Campaka ka WSO (3/12).
"Aéh, malah dina konfercab éta sim kuring ku para anggota nepika dipilih pikeun mupuhuan PGRI Cabang Campakaa sacara aklamasi. Mugia tamplokna kapercantenan éta, keur sim kuring janten motivasi pikeun ngamajengkeun PGRI hususna di Campaka. Ku kituna nyuhun pangrojong ti sadayana dina kapangurusan éta aya dina kalancaran," pokna.
Sedengkeun ceuk Sekjen PD II PGRI Kabupatén Purwakarta, Babang Subarna, S.Pd, M.Pd netelakeun yén konfercab PGRI di Campaka sami sareng konfercab di uggal cabang anu rata-rata paling tercepat. keur mah Pa Saip, S.Pd salaku K3S, tiap aya koordinasi langkung enggal dina nepikeun kawijakan bohna kagiatan di dinas pendidikan pon kitu deui ayeuna ngeunaan PGRI. Mugia kapangurusan PGRI Cabang Campaka periode 2018-2023 langkung majeng.
Nurutkeun data nu dikumpulkeun ku WSO yén pangurus PGRI Cabang Campaka Periode 2018-2023 téh diantarana : Ketua : Saip, S.Pd. Wakil Ketua : Cece Sumarna, S.Pd. Sekretaris : Isti Diansyah, S.Pd, Wakil Sekretaris : Titin Hamamah, S.Pd sarta Bendahara : H. Dedi Suhendar, S.Pd.*** ANTO

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "WARTA TI CAMPAKA"

Posting Komentar