WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Bupati Purwakarta : Saepul Bahri Binzein di Kritik ku Verrel Bramasta Soal Pendidikan Berkarakter di Barak Militer

Bupati Purwakarta : Saepul Bahri Binzein di Kritik ku Verrel Bramasta Soal Pendidikan Berkarakter di Barak Militer "Kuring geus lalajo ...

CAMPALA MEDAR

ASISINDIRAN DINA KAHIRUPAN MASARAKAT SUNDA Urang Sunda kawilang dalit jeung wangun karya sastra anu kiwari disebut sisindiran, anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Ti bubudak éta téh. Sanajan tangtu baé, sisindiran budak mah, kawilang basajan, ngawujud dina kakawihan. Mun rék ucing-ucingan, upamana, barudak sok hompimpah heula. Hompimpah alaikum gambréng, Ma Ijah maké baju rombéng. Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

WARTA TI GALURA - Bakékok


HONOR HONORÉR
NANAONAN atuh nya maké jeung aya guru honorér sagala. Heug wéh jadi masalah. Geus wé guru mah kabéhanana ogé PNS. Aéh, ayeuna mah ASN nya. Ongkoh cenah pendidikan téh kacida pentingna. Ari ieu maké jeung aya guru anu honorér sagala, anu guru béda jeung guru anu ASN téa. Loba ari alesanana mah, jeung mindeng ditabeuh. Tapi naha atuh maké dibéda-ébéda kitu? Mangkaning nu ngarnna ngahonorna ogé lain sabulan dua bulan, ieu mah aya anu geus welasan taun lilana. Sakalina aya tés CPNS (duka ku naon sesebutanana kitu, lain tés CASN) kalayan gampang dicorét. Teu bisa milu lantaran umurna geus kolot teuing, cenah.
Geus puluhan, malah boa ratusan, para ahli anu nyebutkeun yén pendidikan téh kacida pentingna. Maju mundurna hiji bangsa ditangtukeun ku tingkat jeung ajén pendidikannana. Ari di urang, ku pamaréntah gé geus diaku, lolobana pagawé téh lulusan SD. Rék bisa maju kumaha lamun kanyataanana kitu. Jadi hartina, kudu buru-buru dioméan. Kudu puguh targétna. Upamana waé dina taun 2028 geus moal aya deui pagawé anu lulusan SD.
Can aya anu wani masang targét saperti kitu. Éta téh cacakan anggaran pendidikan terus-terus digedéan. Apan éta mah keur nambahan gajih guru anu puluhan taun lilana dianggap leutik teuing. Tangtu wé kaharti jeung satuju. Kudu gedé gajih guru téh ambéh jongjon dina ngajarna. Kumaha ari honor guru honorér?
Sabenerna mah lain ngan urusan perkara honorér jeung lainna. Teu genah kadéngéna jeung moal matak hadé balukarna terus-terusan kitu téh. Urusan gampang sabenerna mah. Pangabutuh guru téh sabaraha lobana. Lamun geus puguh angkana, kuduna mah euweuh alesan pikeun henteu ditedunan. Kudu, éta mah kudu dicumponan. Lantaran tugas guru mah, saréréa gé apal, lain énténg-énténg.
Nu arahli kana pendidikan mindeng nyabit-nyabit pendidikan di Finlandia jeung nagara-nagara Skandinavia séjénna. Alus cenah. Jeung lain cenah wungkul, éta mah geus diaku ku sakuliah dunya. Naon sababna nepi ka bisa pada muji kitu? Padahal, nagara-nagara di jojontor  Skandinavia mah nagara laleutik. Papadaning kitu, mémang maraju. Tah éta, pangna bisa maju téh lantaran pendidikanana alus.
Atuh niron wé ka dinya? Nya, teu bisa kitu atuh. Teu bisa ujug-ujug néplak, da papagon hirupna ogé béda. Heug atuh. Enya kitu. Teu kudu niron, tapi kumaha carana sangkan pendidikan di urang sarua majuna?
Mun geu los ka dinya, saréréa gé ngaharuleng. Teu kudu mikir tarik teuing, éta wé balik deui kana perkara guru honorér téa. Ari di Finlandia naha aya guru honorér nya?
Naha kalah jadi popokrolan kieu? Lamun urang nyaritakeun perkara guru honorér, tangtu lain ka dinya brasna. Pan ceuk tadigé, kumaha tarékahna sangkan di urang ulah aya anu disebutna guru honorér. Pan geus kaalaman salila ieu kumaha pabeulitna. Moal enya aya guru anu welasan taun lilana ngahonor ku pamaréntah nepi ka teu dianggap.
Tapi teu kudu terus nyaruhnyul meupeus keuyang ka mana mendi. Kudu museur. Urusan infrastruktur, anu mémang kacida pentingna, geus digarap. Hasilna geus karasa. Kitu deui invéstasi. Pamaréntah nyieun rupa-rupa aturan anu tujuanna ngabibita para invéstor. Kadarieu yeuh. Usaha mah di dieu wé. Pajegna murah, sagala nyampak, ongkos buruhna ogé teu sabaraha gedé.
Loba cenah industri anu arék pindah ti Jawa Barat ka Jawa Tengah lantaran upah buruh di ditu leuwih murah. Nya keun baé, teu kudu jadi murukusunu. Jawa Barat mah mending kénéh mentingkeun pendidikan. Lamun pendidikan wargna luhur, keahlianana aya, moal dipersabenan ku anu baroga modal ogé. Sabaraha waé méntana digajih, bakal ditedunan. Da ituna butuheun.
Tah lebah dinya anu kuduna jadi prioritas téh. Kumaha carana sangkan warga Jawa Barat dipikabutuh ku batur, babakuna para invéstor. Supaya dipikabutuh, pendidikanana kudu luhur jeung baroga kaahlian. Liliwatanana, pan pendidikan téa. Pan meureun engké mah ceuk batur téh, nya pantes atuh gajihna gedé ogé da éta mah lulusan ti Jawa Barat.
Ceuk saha bakal teu ginding, lamun Ridwan Kamil isuk pagéto bakal ngacungkeun jempol. Yeuh, Jawa Barat mah hiji-hijina provinsi di sakuliah Indonésia anu teu aya guru honorér.***

Nomer 28,
Taun ka-44
Édisi Minggu I Desember 2018,
Wuku Marakeh,
Maga 1955 Caka Sunda
Kaca 02, Rubrik : Bakékok
Ku Abdullah Mustappa

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "WARTA TI GALURA - Bakékok"

Posting Komentar