WARTA TI MGMP BASA SUNDA
Diseminarkeun ku Badan
Bahasa di Kementrian Pendidikan
Warta Sunda Online,
Dina raraga
Aprésiasi Pangajaran Basa & Sastra Sunda sinareng tarékah ngaronjatkeun
ajén atikan pangajaran basa Sunda rukun gawé sareng LEMBAGA Bahasa dan Sastra Sunda (LBSS) gawé bareng jeung
Musyawarah Guru Mata Pelajaran (MGMP) Basa Sunda Kabupatén Purwakarta katut
Klinik Bahasa (KiBa) ngayakeun kagiatan “Pagelaran Tilu Warna Drama” pikeun
nangkis mahabuna budaya android/gadget di lingkungan pelajar.
Kukituna
warga atikan hususna parapelajar ieu téh diwanohkeun kana kagiatan Pagelaran
Tilu Warna Drama nu eusi materina ngeunaan seni Gending Karesmén mintonkeun
judul “Si Ujang jeung Doraémon”, Monolog (Béntang Idola)jeung Longsér (Ronda
Milenia).
Malihan
dipiharep ieu kagiatan téh ayana aprésiasi siswa pikeun dialajar di luar kelas. Pon kitu deui mikawanoh langsung kana materi kurikulum pangajaran basa Sunda hususna materi drama Sunda.
Ieu pintonan drama jadi media pangajaran nu kalintang efektif pikeun nganteur paham siswa kana seluk-beluk materi pangajaran drama Sunda.
Lantaran kagiatan nu saperti itu téh aya patalina jeung Mata Pelajaran Basa Sunda, saperti halna materi pagelaran tilu warna drama éta téh ngawengku pintonan seni Gending Karesmén, Monolog jeung Longsér nu hampir tumpur di kalangan warga masarakat. Kitu ditetelakeun ku Pupuhu MGMP Basa Sunda Kabupatén Purwakarta, Achmad Sopian Effendi, M.Pd ka WSO (4/12) di Sport Center Purnawarman, Purwakarta.

Kajaba ti
itu, pihakna gawé bareng jeung LBBS, ngawanohkeun barudak kana ieu kagaitan. Acara nu saperti kitu lumangsung ti kamari ping 4 Nopember - 5 Nopember 2018. Tina dua dinten dipiharep apresiasi barudak nepikana 8000 urang.
Malah mandar Kiwari Gending Karesmén keur di seminarkeun ku pihak Badan Bahasa di
Kementrian Pendidikan Nasional dina raraga ngamumulé budaya Sunda hususna seni
tradisional nu hampir tumpur.
Malah
numutkeun Manager Produksi kagiatan Pagelaran Tilu Warna Drama, Oesép Kurniadi,
S.Sn bahasa ditepungan dilokasi acara nyebutkeun yén Kabupatén Purwakarta mah,
menyambut baik kana program LBSS ieu téh. “Malihan hiji-hijina kabupatén nu
milu aub dina ieu kagiatan,” pokna.
Nurutkeun
data nu dikumpulkeun ku WSO yén tina teknis para pelajar nu
milu aub kana ieu kagitan téh legal (resmi). Pihak MGMP Basa Sunda Kabupatén
Purwakarta ngaluarkeun serat ULeman kasakola kanggo pangrojongna sakumaha rekomendasi ti Kepala Dinas Pendidikan. *** Anto
0 Response to "WARTA TI MGMP BASA SUNDA"
Posting Komentar