WARTA TI BIDOR
Ceuk Drs. Iwan
Kartiwan, MM :
Wadah PASI Rék
Dihudangkeun Deui
Warta Sunda Online,
Warta Sunda Online,
PERSATUAN Atletik Seluruh
Indonésia (PASI) sempet pakeum nilik tina kaayaan di Purwakarta keur bebenah.
Ku kituna antara taun 2018/2019 ieu mah PASI rék dihudangkeun deui.
Kiwari keur diusulkeun ka Pengrpov PASI Jawa Barat, yén PASI di Purwakarta rék dibentuk. Malah picaloneun
pangurusna geus dipersiapkeun. Kitu ceuk Kepala Bidang Olahraga, Disporaparbud
Kabupatén Purwakarta, Drs. Iwan Kartiwan, MM basa ngawangkong jeung Warta Sunda Online dirohangan gawéna (6/11).
Sedengkeun Pencab PASI Kabupatén
Purwakarta rék diusulkeun jeung direkomendasian ti Koni Kabupatén Purwakarta ka Pengvrop PASI Jawa Barat, ngaran-ngaran pangurusna Pencab PASI Kabupatén Purwakarta
ngawengku diantarana calon Ketua : Heri Wijaya, S.Pd (Kepala SMPN 1 Purwakarta), sarta
Sekretaris : Eko (ti SMPN 3 Purwakarta).
Tujuan ajuannana pikeun
Purwakarta dina widang olahraga Atletik langkung anteb deui tur tiasa mibanda
préstasi keur ngamajukeun Purwakarta hususna para nonoman nu resep kana
atletik, upami aya wadahna langkung ka inventaris saha-saha pibakateun atawa
pidutaeun kanggo tandang.
Ngeunaan lainna, Iwan (Ketua
Manten PASI taun 2008) ngajelaskeun yén ayana Bina Sentra Atletik nu dipuseurkeun
di dua
Lain deui ceuk Lilis Siti Holimah, S.Pd,
inyana ngajelaskeun yén potensi barudak di unggal sakola katingal tos saé, ku
kituna kudu aya pembinaan anu rutin pikeun cabor atletik.*** Anto
Keterangan Poto : 1. Drs. Iwan Kartiwan, MM (Kabid Pora Disporaparbud Kabupatén Purwakarta, sarta 2. Lilis Siti Holimah, S.Pd (Guru Pembina Atletik)
Keterangan Poto : 1. Drs. Iwan Kartiwan, MM (Kabid Pora Disporaparbud Kabupatén Purwakarta, sarta 2. Lilis Siti Holimah, S.Pd (Guru Pembina Atletik)
0 Response to "WARTA TI BIDOR"
Posting Komentar