WARTA TI PLÉRÉD
Tapi, “Sate
Marangi, Pencak Silat Palérédan, Makom Karomah Mama Sempur sarta Seni Tari Kembang
Panjunan”
“PLÉRÉD,
ceuk Jujun Junaédi, salaku generasi kaopat ti pengrajin keramik Pléréd waktu
ditepungan ku Warta Sunda Online, (29/11). Lain ukur keramik nu kakoncar téh. Ciri has lian
ti keramik Pléréd ogé diantarana Sate Maranggi, Pencak Silat, wisata religi tur
Seni Tari Kembang Panjunan.
Diantara ciri has Pléréd éta téh,
sate marangi minangka nu jadi ciri. Nilik ti pihak pamaréntah mernah-mernahkeun
pausaan sate marangi caket statsion Pléréd.
Sate
Marangi
Minangka salah sahiji kuliner has Purwakarta, saté
maranggi tangtu réa anu mikaresep. Warga anu daragang saté maranggi bakal
katémbong di saban suklak-sikluk wewengkon Purwakarta, hususna di Kecamatan Pléréd jeung Wanayasa. Manakomo
kiwari di Kecamatan Pléréd geus diwangun Kampung Maranggi, puseur warga Pléréd anu daragang maranggi. Ari
perenahna peuntaseun Kantor Kecamatan Pléréd atawa gigireun Stasion Pléréd.
Di Kampung Maranggi, horéng anu daragang sate maranggi
téh teu ukur hiji atawa dua, tapi aya kana dua puluhna. Anapon bédana saté
maranggi di Pléréd jeung saté di wewengkon séjénna nyaéta lebah bungbu
jeung kécap. Kapan di wewengkon séjén mah sate téh sok ku bungbu suuk baé. Katémbong
bangku panjang tina awi, ngawangun hurup U ngurilingan anu dagang saté
tengahing haseup anu mulek. Dina méja, kasampak aya sangu timbel anu dibungkus
ku daun cau, acar bonténg, kécap, piring, saté maranggi sarta uyah.
Di Kampung Maranggi Pléréd, urang laluasa pisan naker
kecap jeung acar bonténg ku sorangan. Malah upama sangu timbel jeung saté
maranggina kurang, urang bisa ménta tambahan deui. Lian ti éta, urang teu kudu
riweuh mesen, kari gék baé diuk dina bangku, saté maranggi langsung dibeuleum
ku anu dagangna.
Sanggeus asak, saté maranggi laju diasongkeun. Tuluy
urang kari muka sangu timbel anu masih dibungkus ku daun cau, gap kana saté
maranggi, sok diteundeun luhureun sangu timbel, tuluy cur kécap, upama resep
tambahan ku acar bonténg, tuluy kari am dahar. Moal teu matak deudeuieun,
geura.
Daging sapi atawa domba dina saté maranggi ngahaja
diteukteukan laleutik. Satiir saté maranggi kira-kira cukup keur sahuapeun
sangu timbel. Sabot urang ponyo dahar saté maranggi, katémbong anu ngajualna
mah terus baé meuleuman saté, kawas anu hariwang mun anu dahar ponyo tepi ka
béakkeun saté maranggi.
Sedeng harga satiir saté maranggi kira-kira Rp. 1.300
– Rp. 1.500. Kawilang murah keur ukuran saté maranggi anu ni’mat. Lian ti éta,
salah sahiji kaonjoyan (kelebihan) saté maranggi Pléréd téh muka méh 24 jam, ti isuk
tepi ka pasusubuh. Ku kituna, para wisatawan bisa laluasa muru saté maranggi Pléréd dina waktu iraha baé.
Pencak
Silat Palérédan
Pamaréntah jamanna Dedi Mulyadi kungsi ngayakeun kagiatan ngajaulkeun
seni penca silat ka sakuliah dunya
kalebet salapan nagara kungsi
ngareuah-reuah acara Festival Bela Diri Dunia nu “Jejerna mah sangkan penca silat kasohor
ka sakuliah dunya. Sim kuring saparakanca hoyong penca silat minangka khazanah
béla diri téh tiasa diaku ku nagara-nagara di dunya.” Kitu basa Jujun nirukeun
omongan Pa Dedi Mulyadi.
Penca silat téh nyindekel kana lima palsapah anu kudu dicekel pageuh ku
para ahli penca silat. Éta lima palsapah téh nyaéta sumerah diri ka Gusti,
silih hargaan ka sasama, cinta lemah cai, miboga sikep tigin, jeung sumanget
ngawangun mimitran.
Kukituna nurutkeun Jujun, Jawa Barat jeung Purwakarta saenyana miboga
seni penca silat anu has, nyaéta jurus Palérédan ti Pléréd jeung Syahbandar ti
Wanayasa, wewengkon di pakidulan Purwakarta.
Tari Kembang Panjunan
Kalih ti éta Pléréd ogé dina
widang seni teu kakantun jeung nu sanésna. Nya diwewengkon Paléréd mibanda Seni
Tari “Kembang Panjunan” nu nyoko kana falasifah Kecamatan Pléréd nu ngndung
harti kana Anjun (taneuh beureum).
Wisata Makom
Karomah Mama Sempur
Dina wisata religi ogé Paléréd
mibanda Makom Karomah Mama Sempur (KH. Tubagus
Ahmad Bakri) téh minangka turunan Rosululloh SAW. Nepika kiwari tempat jarah ti
nusantara hususna Jawa Barat.
Diriwayatkeun yén Mama Sempur lahir di Citéko, Pléréd,
Purwakarta, Jawa Barat taun 1259 H atawa taun 1839 M, inyana ngarupakeun putera
kahiji ti pasangan KH Tubagus Sayida jeung Umi.
KH Tubagus
(Tb) Ahmad Bakri, leuwih dikenal sebutan Mama Sempur. Mama nu istilah basa Sunda
tina kecap rama atawa Bapa. Di kalangan masarakat Jawa Barat mah, kecap Mama téh
keur Ajengan atawa Kiai pikeun jujuluk Mama Ajengan atawa Mama Kiai. Sedengkeun
Sempur téh hiji diantara Désa nu aya diwewengkon Kecamatan Pléréd, Purwakarta,
Jawa Barat.
Kukituna, ceuk Jujun Junaédi, yén
Kecamatan Pléréd téh lian ti kota keramik ogé kota nu kadua ti Kecamatan
Purwakarta, Kabupatén Purwakarta tina sisi ekonomis. Payus pisan Pléréd unggal
taunna muncul para pendatang pikeun ngadunasib pakasaban sewang-sewangan. Pon
kitu deui ayana bank-bank swasta nu milu aub pikeun ngama’murkeur tur
ngaraharjakeun masarakat diwewengkon Pléréd.
Lain deui nu kasauran ti pihak
praktisi seni ogé pupuhu seni tari Kembang Panjunan, Néni Suantini, S.Pd nu
kasangtukangna sarjana seni tari lulusan IKIP Bandung. Nyiptakeun Seni Tari
Kembang Panjunan téh dirintis ti taun 2006 hasil gawé rancage ti Paguyuban
Seniman Sunda Purwakarta (PSSP) nu harita digagas ku Otong Syamsudin (Alm)
Penilik Seni Pléréd beh ditu, dibantos Ibu Edah nu ngagaduhan Lingkung Seni
Citra Resmi Pléréd sareng sim kuring tur Eva Nurléla.*** Anto
0 Response to "WARTA TI PLÉRÉD"
Posting Komentar