WARTA TI MANIIS
Ketua PPK Maniis nalika rapat koordinasi sareng Perwakilan KPU tur Panwascam.
Sangkan Pileg
Pilpres Aman
PPK Maniis
Sosialisasi Aturan KPU
Warta Sunda Online,
Dina raraga ngaronjatkeun ketak Panitia Pemilihan Kecamatan (PPK) Pemilu 2019, hususon di wilayah Kecamatan Maniis Kabupatén Purwakarta, sawatara katukang kadongapan ti KPU Kabupatén Purwakarta dina monitoring pendataan Calon Pemilih. “Éta minangka tarekah geusan pembinaan kagiatan pengawas Pemilu 2019, kaasup KPPS/PPS di tingkat désa. Satekah polah sosialisasi malar sakumna rengrengan PPK téh enya-enya paham kana aturan luyu jeung katetapan KPU Kabupatén Purwakarta,” Ceuk Ketua PPK Maniis, Asep Mamduh, S.Pd.I, ka WSO di Sekretariat PPK Maniis (7/11).

Kalawan remis manéhna dibarengan
KPU jeung Panwascam nyisir pendataan Calon Tetap Pemilu 2019 ka unggal désa
sa-Kecamatan Maniis nu dikawal ku Polsek Maniis tur Koramil.
Ceuk Asep Mamduh, kalintang
penting ngagedurkeun sosialisai rupaning program nu patalina jeung Pemilu 2019.
Sangkan Pemilu 2019 lumangsung tartib, aman, tur lancar.
“Kuring miharep, kagiatan
sosialisasi nu samodel kitu téh bisa lumangsung noron, ngarah kasakumna unsur
masarakat. Taya deui tujuannana mah sangkan Pemilu 2019 lumangsung sukses, aman
tur lancar, luyu jeung aturan,” pokna.*** Anto
0 Response to "WARTA TI MANIIS"
Posting Komentar