Warta Sunda Online,
TILU Puluh Nopember Dua rebu dalapan belas, poéan malem Saptu keur warga tur barudak santri di wewengkon Kampung Cilalawi RT.08/RW.03 Désa Cianting Utara Kecamatan Sukatani, Purwakarta. Muludan, miéling poé jeung bulan wetonan Nabi Muhammad SAW, geus jadi tradisi budaya di lemah cai.
Kukituna di wewengkon éta, warga masarakat ngorbankeun tenaga jeung pikiran katut waragad pikeun ngalumangsungkeun kagitan muludan. Saperti halna Kulawedet Mesjid Al-Muttaqin ngayakeun muludan ping 30 Nopember 2018, poén malem Saptu.
Kalih ti éta, Qori ti wewengkon Batutumpang Kecamatan Tegalwaru (Abdul Wahab) ogé ngumandangkeun ayat-ayat suci Al-Qur’an.
Poma deui H. Ahmad (Ustad setempat nu ngawakilan panitia) biantarana ngahaturkeun rewu-rewu nuhun ka para warga-wargi ti kulon-wétan, kalér-kidulna, nu caket jeung nu jauhna parantos nyumbangkeun sabagéan rejekina keur pangemut-ngemut kalahiran Jungjunan urang Nabi Muhammad SAW.
Runtuyan acara éta téh di MC an ku Ustad Iwan nepika acara aman tur lancar kalayan kaberkahan ku Alloh SWT.
Dina puncak acara ajeungan ti wewengkon Tajursindang Ustad Muhtar minangka ngabejerbeaskeun luyu jeung téma ku Sekretaris Panitia nyaéta : Memperingati Maulid Nabi Muhammad SAW, 12 Rabiul Awal 1440 H – 20 Nopember 2018, “Kita Teladani Jejak Rosululloh Didalam Kehidupan Sehari-hari”.*** ANTO
0 Response to " "
Posting Komentar