WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

SMPN 1 Purwakarta, Mibanda Alat Ngosrek

  SMPN 1 Purwakarta, Mibanda Alat Ngosrek  Kepala Sakola nalika mulungan runtah di luar lingkungan SMPN 1 Purwakarta, bagian tina kegiatan ...

CAMPALA MEDAR

ASISINDIRAN DINA KAHIRUPAN MASARAKAT SUNDA Urang Sunda kawilang dalit jeung wangun karya sastra anu kiwari disebut sisindiran, anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Ti bubudak éta téh. Sanajan tangtu baé, sisindiran budak mah, kawilang basajan, ngawujud dina kakawihan. Mun rék ucing-ucingan, upamana, barudak sok hompimpah heula. Hompimpah alaikum gambréng, Ma Ijah maké baju rombéng. Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

KONGRÈS-NGAWANGKONG TEU BÈRÈS-BÈRÈS


"KONGRÈS-NGAWANGKONG TEU BÈRÈS-BÈRÈS"

Sakapeung sok hayang NAKOL ku palu ka jalma anu ngabogaan paripolah anu aya kalana teu kapok-kapok ogè teu pernah hiji kajadian teh dijadikeun palajaran, komo nepi ka dicokot hikmahna. Geura urang titènan....Di tiap tempat geus loba anu katangkep tangan ku tim OTT, tapi na da der deui der deui, malah aya jigana anu kakara nyieun ideu sabab ngarasa tinggaleun. Naha moal kitu, teu euih-euih jeung teu kapok-kapokna tèh kusabab hukumanana
hampang teuing, malah ceuk tukang bisnis mah, nu penting urang meunang untung kènèh,
 wajar wè dihukum sataun, da sèsa korupsi gedè kènèh. Jabaning ngareunah deuih ari hukuman korupsi mah bèda jeung hukuman maling hayam. Tapi lamun hukuman anu
 korupsi beurat mah, CONTONA SAKUR ANU KORUPSI BARIS DIHUKUM SAUMUR HIRUP ATAWA DIHUKUM MATI, meureun anu korupsi bisa ngurangan, malah bisa kapok dibanding jeung ayeuna.....sabab hukuman korupsi ringan nya ahirna korupsi deui korupsi deui, atawa
 korupsina bergiliran bisa ogè berjama'ah. Na'udzubillahimindalik. Hèhèhèh...

IRAHA ATUH NYA ANU KORUPSI DIHUKUM SAUMUR HIRUP ATAWA DIHUKUM MATI. Lamun enya aya hukum èta di Indonesia, ah rek ngawilujengkeun, kieu "WILUJENG SUMPING!"

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "KONGRÈS-NGAWANGKONG TEU BÈRÈS-BÈRÈS"

Posting Komentar