WARTA TI SUKATANI
Longsor Deui Purwakarta Téh!!!
Warta Sunda Online,
Kiwari curah hujan méh unggal poé ngecrek
ti mimit jam 12-san siang nepika peuting. Ku kituna warga Purwakarta sing
rancinges dina usum hujan ieu téh.

Ari nu salamet tilu urang diantara Dede
Misbah (12) siswa kelas 6 SDN SALAMJAYA, Yeyet (52) sarta Yanti (40).
Kari-kari ayeuna tumiba urug di Kampung
Panyindangan RT.02/01 Désa Panyindangan Kecamatan Sukatani Purwakarta. Rebo
(5/12/2018) peuting kira-kira jam 19.30 Wib, akibat taneuh lapang volly nu debit
caina gedé tur ngeuyeumbeu ngamalir ka imah warga.
Kaajadian urug éta téh, ngabalukarkeun
imah Yayah (43) nu ngabogaan dua urang anak, imahna ruksak parna akibat ka
urugan taneuh tina tebing.
Salahsaurang warga setempat, nyatana Bapa
Yunus (51) nalika tepang di kantor UPTD Pendidikan Kecamatan Sukatani ngabenerkeun
kajadian longsor di Kampung/Désa Panyindangan. “Nya, Alhamdulillah kajadian musibah
éta henteu nepika aya korban, ngan ukur imah,” pokna.*** Didih
0 Response to "WARTA TI SUKATANI"
Posting Komentar