WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Hendry jeung Zulmansyah Satuju Kongrés Persatuan PWI Dilaksanakeun Paling Elat Agustus 2025

Hendry jeung Zulmansyah Satuju Kongrés Persatuan PWI Dilaksanakeun Paling lambat Agustus 2025 JAKARTA - Ahirna konflik antara Pe...

CAMPALA MEDAR

ASISINDIRAN DINA KAHIRUPAN MASARAKAT SUNDA Urang Sunda kawilang dalit jeung wangun karya sastra anu kiwari disebut sisindiran, anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Ti bubudak éta téh. Sanajan tangtu baé, sisindiran budak mah, kawilang basajan, ngawujud dina kakawihan. Mun rék ucing-ucingan, upamana, barudak sok hompimpah heula. Hompimpah alaikum gambréng, Ma Ijah maké baju rombéng. Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

Warta ti SMP

Warta Sunda Online,

80 Sakola di Purwakarta
Ngantri Ngabantun Lembar Soal UKS

Dina poean Milangkala Poe Guru Nasional tur PGRI ka-73, poe eta keneh perwakilan ti pihak SMP/SATAP sabada  upacara, aranjeunna muru ka SMPN 1 PURWAKARTA pikeun ngabantun lembar UKS.
Saperti halna ti perwakilan SMP NEGERI SATAP PONDOK BUNGUR PONDOKSALAM katingal keur ngabantun Lembar Soal . UKS 3 karton/3 dus.
Lembar soal eta teh dipuseurkeun di SMPN 1 Purwakarta (26/11).
Lian ti eta katembong Kepala SMPN 1 KIARAPEDES, sami mawon ngabantun lembar Soal UKS.
Dina kesempetan eta, pihak SMPN 1 PURWAKARTA, HERI WIJAYA, S.Pd, ngajelaskeun yen lembar soal nu aya di SMP na teh, tiap sakola teu diwajibkeun milu aub dina pembuatan soal, saperti aya 80 SMP/SATAP ngiring aub kana soal UKS SMP.
Kukituna teu sakabeh nyieun soal di SMPN 1 PWK. Tapi aya oge disakolana sewang-sewangan, ngadarel soal UKS.*** @nto.

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "Warta ti SMP"

Posting Komentar