WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Lur!!! Urang Sunda Wayahna Geura Nanjeur

Lur!!! Urang Sunda Wayahna Geura Nanjeur Asa lila-lila diantep t é h, beuki dieu, beuki dikekesek wa é . Batur mah deungen-deungen, nu ...

CAMPALA MEDAR

ASISINDIRAN DINA KAHIRUPAN MASARAKAT SUNDA Urang Sunda kawilang dalit jeung wangun karya sastra anu kiwari disebut sisindiran, anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Ti bubudak éta téh. Sanajan tangtu baé, sisindiran budak mah, kawilang basajan, ngawujud dina kakawihan. Mun rék ucing-ucingan, upamana, barudak sok hompimpah heula. Hompimpah alaikum gambréng, Ma Ijah maké baju rombéng. Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

WARTA TI PANGRAJIN WAYANG











Surjan Pangrajin Wayang Golek ti Sukatani, Purwakarta
nu masih kénéh satia dina profesina, tapi duka nepi ka iraha. (Potret  Anto. S)

Pangrajin Wayang Golek
Di Purwakarta Maluguran

PANGRAJIN wayang golek di Purwakarta ngalanglayung. Nu jadi sababna mah leungiteun pacabakan. Pesenan wayang towong, boh ti dalang boh ti masarakat nu mikaresep kana wayang (cinderamata).

Nu mesen wayang golek euweuh, ari pangabutuh hirup teu beunang ku ampun, nya kapaksa loba pangrajin wayang banting setir alias alih profesi. Surjan (58) upamana, warga Kampung/Désa Malangnengah, Kecamatan Sukatani, Kabupatén Purwakarta, ngalaman rék pindah profesi di PT. KAI proyek nyieun jalur Kereta Api Cepat Jakarta – Bandung.


Nurutkeun Surjan, minangka sentra kerajinan wayang golek Kampung/Désa Malangnengah, Kecamatan Sukatani, Kabupatén Purwakarta kungsi raharja tina karajinan wayang. Unggal wanci barangjieun, ditungguan ku nu mesen.

“Éta téh kajadian dua taun katukang, warga (para pengrajin) teu pernah eureun ngadamelan wayang. Ari ayeuna mah teu aya pesenan. Nya kapaksa pangrajin jaradi kuli kuli ngawangun érél  kareta,” pokna.

Surjan teu nepi ka ninggalkeun profesina jadi pengrajin wayang golek. Usahana geus ditaratas mangtaun-taun téh lebar temen cenah mun kudu ditinggalkeun mah. “Dipikir-pikir mah mending ngeureuyeuh pakasaban salaku pangrajin. Sok sanajan sepi order tapi teu saat teuing, aya we kanggo bubutuh pokok mah,” pokna deui.

Sakalieun aya pesenan rada loba, hargana murah. “ti heula mun aya pesenan ti Jakarta, sok dipigawé babarengan jeung sasama pangrajin, da lumayan kénéh. Ari ayeuna mun aya nu pesenan heug teu dipigawé kusorangan, sok ngamaklun ka nu séjén, tapi kudu dibayar cungcréng, ari ti nu pesen kapan duitna sok elat,” ceuk Surjan semu ngarahuh.

Genteng-genteng ulah potong, demi bubutuh hirup, Surjan jeung lima urang baturna kiwari masih kénéh satia jadi pangrajin wayang. Ayeuna mah nyieunan wayang polos alias putihan, alias can dicet.
Surjan miharep aya tarékah ti pamaréntah pikeun ngabantuan kalancaran usahana. Kampung/Désa Malangnengah nu kasohor sentra kerajinan wayang golek ulah nepi ka kari ngaranna. Dirina miharep kajayaan pangrajin wayang bisa datang deui.

Basa Galura nepungan Kepala Bidang Pariwisata dan Kebudayaan Kabupatén Purwakarta, rék nanyakeun soal tarékah pamaréntah dina ngarojong usaha pangrajin wayang, teu meunang jawaban nu pasti.

Kiwari pangrajin wayang di Kampung/Désa Malangnengah geus maluguran. Surjan jeung batur-baturna masih kénéh satia dina profesina, tapi boa nepi ka iraha, cenah. Isuk pagéto lamun kondisina karajinan wayang angger langlayeuseun, ari pangabutuh teu bisa dipersabenan, nya kapaksa dirina milu jeung batur-baturna, jadi kuli di Jakarta.*** (Anto.S/Naourid Ilyasa).

Kungsi dimuat dina Koran Sunda “Galura” 
Nomer 23 Taun ka-44 Édisi Minggu I Nopember 2018,
Wuku Langkir, Posya 1955 Caka Sunda.




Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "WARTA TI PANGRAJIN WAYANG"

Posting Komentar