UAR PANGAJAK
Hj. Ida Rosida, S.Kar
Uar Pangajak Ka Nonoman Purwakarta
KABUPATÉN Purwakarta, keur Hj.
Ida Rosida, S.Kar ngarupakeun gudangna potensi nonoman dina widang seni kawih
sunda. Lantran keur dirina mindeng di ulem ku para praktisi seni saperti halna
Kang Haji Adé Suryadin, S.Pd, M.Pd pon kitu deui gaduh tilu urang murid Sekolah
Menengah Karawitn Indonésia (SMKI) nu ayeuna éta sakola janten SMK 10 Bandung.
Nitenan nu janten murid éta téh,
sok hoyong tepung malihan nepika milu aub nembangkeun kawih Sunda. Tilu urang
murid éta téh ayeuna geus jaradi pejabat di kota simping (Purwakarta). Diantara
muridna téh, Dodi Winandi, S.Pd, M.M. Mokh. Isro, jeung Rudi Iskandar.
Malih dina acara Anggana Sekar
Kawih Sunda Tingkat SMP/MTs Ka-3 Sa-Purwakarta, Hj. Ida Rosida, S.Kar, janten
Girang Pangajen (Juri). Lian ti ngajurian ogé, inyana dipasihan ku MC pikeun
nyumbangkeun sora emasna dina ngawih kawih Sunda ciptaan Mang Koko Koswara
(Alm) nu janten ramana. Saterusna Hj. Ida Rosida direncangan ku nu janten
muridna, nyaéta Dodi Winandi ngawih judulna “Bulan Bandung Panineungan” sarta
“Di Langit Bandung Bulan keur Mayung”, pon kitu deui murid nu hijina deui, duet
sareng Mokh Isro ngawih “Anggrek Japati”.
Atuh para panonton asa dihibur ku
pintonan guru sareng murih nu ahli kana widang seni kawih sunda. Dalah tina
suanten Hj. Ida Rosida teu benten sareng artis-artis Sunda nu ngarora, malah
nguping kawihna ogé asa ku genah. Kitu basa dicaritakeun ku salahsaurang Kepala
SMPN 1 Sukatani, Sukiman, S.Pd, M.Pd.
Dina kasempetan éta ogé, Hj. Ida
Rosida, S.Kar ngajelaskeun ka Galura yén ningal potensi barudak inyana ngaraos
reueus pisan kuayana Pasanggiri Anggana Sekar Kawih Sunda dina hal ieu yén
kawih-kawih Sunda Mang Koko dugika sok diabenkeun dina tiap pasanggiri, saperti
halna di Kabupatén Purwakarta salaku kota budaya.
Mung kahoyong mah dina
kawih-kawih sunda téh sanés lagu Mang Koko waé, seueur komponis-komponis di
Bandung téh, diantarana aya Pa Iik Setiawan, manténna salah saurang pencipta
lagu nu tos mahir. Lian ti éta Pa Atang, Pa Yoyo Risdiaman sareng nu sanésna,
seueur kénéh.
Ningali potensi barudak saleresna
mah unsur musikalitasna tos tinggi, tos luar biasa utamina patandang nu
pameget.
Disagedengeun éta sim kuring
saparakanca sok diangken ku Pa Haji Adé Suryadin, nu mantenna salaku pupuhu
Pangauban Purwakarta. Mantenna sok ngajak, “Bu, cik ah urang kaditu, urang
kakawihan.” Pokna Hj. Ida.
Perkawis patandang nu janten
Juara na téh tos ka oprék nu tos apal kana tehnik vokalna, artikulasi,
ekspresi, impropisasi, vibrasi, power sapertos cetr membahana, pengolahan
faseto, fraseri lagu, teras sok aya basa senggolna nu mahal ulah nu murah.
Saperti dina pasanggiri katingal pisan nu luyu jeung ugeran nu disebat tadi.
Kukituna sim kuring, sareng Pa
Iik Setiawan katut Bu Uus, aya tilu urang nu biasa latihan téh nu sok milu dina
pangauban. Janten saleresna mah simpel diajar kawih téh. Namung pihakna miharep
ka sakabéh guru nu aya di Purwakarta hususna nu resep kana kawih Sunda aya
pelatihan kanggo guruna heula, upami guruna tos mapan tur tiasa maca notasi,
sok sababaraha lagu ogé tangtos tiasa.
Pihakna ngaraos reugreug sedih
tur campur gumbira, yén di Purwakarta aya nu pibakateun nu tiasa ngawih Sunda.
Kalih ti éta, Pangauban téh aya tapakna dina ngalatih barudak nu resep kana
kakawihan Sunda. Saperti halna sora téh kudu nganggo power, power téh nu janten
kakuatan sora.
Kukituna sim kuring ngiring
bingah ka pihak MKKS SMP/MTs nu parantos ngayakeun kagiatan “Pasanggiri Anggana
Sekar Kawih Sunda nu ka-3, geuning Kota Purwakarta téh luar biasa dina kawih
sunda,” kantenan para sinden Purwakarta nu seueur pakar-pakar kawih Cianjuran
sapertos Bu Onih tur sadayana, teu nyangki yén di Purwakarta téh nepika
kieu!!!
Uar pangajakna ka para nonoman
sangkan loba diajar kawih sunda, ku ngiring latihan di tiap sanggar lingung
seni. Poma deui yén lagu-lagu Sunda rék kusaha deui mun teu ku urang
dipulasara/dimumulé.
Ngeunaan Kota Purwakarta mah,
anjeunna emut nalika kungsi janten Girang Pangajen diluar acara Pasanggiri
Anggana Sekar Kawih Sunda, tur acara Pangauban Kawih Sunda, nalika dina acara
Pasanggiri Sirung Sunda Pinilih nu diayakeun ku MGMP Basa Sunda nu tempatna di
SD/SMP Kahuripan Pajajaran sababaraha taun katukang, malih tempatna kataji ku
ruang kelasna molongpong, sakuriling sakola aya sawah, balong, kandang domba
jeung sarupaning palawija tur kebon sayuran janten bétah asa dilembur sorangan.
Éta nu janten kameumeutna mun acara ka Purwakarta.
Kalih ti éta, di Purwakarta mah
sirung-sirung mah parantos aya, kantun ditingkatkeun deui. Sok sanajan teu acan
tiasa bohna resep lami-lami ogé tiasa tur biasa.*** Anto S
0 Response to "UAR PANGAJAK"
Posting Komentar