Live Report
4 URANG TILAR DUNYA, 3 URANG
SALAMET
WARGA atikan di Kecamatan Pondoksalam ngiring belasungkawa ku
ayana musibah urug di Kampung Krajan RT.08/RW.04 Désa Salamjaya Kecamatan
Pondoksalam Kabupatén Purwakarta, (27/11).

Ari nu salamet tilu urang diantara Dede Misbah (12) siswa kelas 6
SDN SALAMJAYA, Yeyet (52) sarta Yanti (40).
Nurutkeun Data nu dikumpulkeun yén nu kaurugan téh sakulawarga.
Saperti Bah Bakri jeung Ma Acem salaku uyutna, Iwan salaku carogéna Yanti ti
Bapana Dede jeung Intan. Sedengkeun Yeyet ibuna Yanti.
Ihwal kajadian longsor éta téh ti mimita ba'da Isa (26/11)
kulawarga ti tilu bumi kaurugan taneh. Kajaba hujan ngerecek nu ngabalukarkeun
tilu imah kageser alias ka urugan.
Kajaba ti éta, nineng ka Néng Intan saméméhna ka sakola meser
heula acuk olahraga nepika tilar dunyana ogé kaayaannana nganggo raksukkan
olahraga.
Lain deui nu kasauran Kepala Damkar Kabupatén Purwakarta,
Drs. H. Wahyu Wibisono, M.Si, nalika diwawancara dilokasi uar pangajakna
kasakur bumi nu caket lokasi urug téh sangkan ati-ati, bilih aya longsor
susulan. Pon kitu deui ungkara diluhur éta ngabenerkeun hasil evakuasi korban
ti mimiti ba'da Isa nepika tabuh 09.45 korban tos kaidentifikasi nu dibantos ku
tim bazarnas katut pihak kepolisian tur warga setempat.
Kajaba ti éta, nu korban salamet téh saperti Yanti kapendak nyelap
di juru témbok nu kaayaan salamet, pon kitu deui Dede tur Yeyet saralamet
dugika dievakuasi ka rumahsakit, opat urang tilar dunya.
Dina kasempetan éta ogé, Kepala Désa Salamjaya, Wahyu
Faturohman ngajelaskeun ka WSO, yén
keur dirina teu aya kila-kila wargana ka urugan taneuh téh. Tapi saméméhna aya
wacana nu badé masihan bantosan bencana, "eh kalah ieu wewengkon nu teu
dianggap rawan ngadon keuna musibah longsor," pokna Pa Kades.
Lain halna ceuk Asép Sudarmas, S.Pd, M.Pd, Ketua PGRI Cab.
Pondoksalam uar pangajak ka sakumna civitas juru atik katut anggotana
babarengan ngempelkeun dana langsung dipasihkeun ka Keluarga Cép Dede jeung Néng
Intan. Pon kitu deui ngadu'akeun sangkan nu keuna musibah ssing ditampi Iman
Islamna, ka nu salamet dipaparinan kasobaran tur tawekal. Amin.***
0 Response to "Live Report"
Posting Komentar