WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Lur!!! Urang Sunda Wayahna Geura Nanjeur

Lur!!! Urang Sunda Wayahna Geura Nanjeur Asa lila-lila diantep t é h, beuki dieu, beuki dikekesek wa é . Batur mah deungen-deungen, nu ...

CAMPALA MEDAR

ASISINDIRAN DINA KAHIRUPAN MASARAKAT SUNDA Urang Sunda kawilang dalit jeung wangun karya sastra anu kiwari disebut sisindiran, anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Ti bubudak éta téh. Sanajan tangtu baé, sisindiran budak mah, kawilang basajan, ngawujud dina kakawihan. Mun rék ucing-ucingan, upamana, barudak sok hompimpah heula. Hompimpah alaikum gambréng, Ma Ijah maké baju rombéng. Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

WARTA TI PEMDA


Bupati jeung Wakil Bupati Terpilih
Mitembeyan Ngareuah-reuah Maleman “Ziarah Rosul”
Ku : Anto S

Dedi Mulyadi (Bupati Manten Dua Periode)
Warta Sunda Online,
Program pamaréntah Kabupatén Purwakarta nu anyar, mitembeyan ngareuah-reuah maleman 12 Rabiul Awwal (Maulud) mapag kalahiran Nabi Muhammad SAW (Ziarah Rosul) di Balé Yudistira Pendopo Kabupatén Purwakarta gawé bareng Dinas Pendidikan Kbupatén Purwakarta, poé Senen (19/11/2018).
Kepala Dinas PendidikanKabupaten Purwakarta, H. Purwanto, M.Pd (nu nganggo raksukann batik) poto sareng Bupati Manten
Ratusan Kepala SD katut Operatos Sekolah, Kepala SMP sarta OPD dipasihan wejangan ngaguar tur ngemut-ngemut dipedarkeunnana Baginda Nabi Besar Muhammad SAW nu sifatna uswatun hasanah, berwatak mulia, lemah lembut, jujur, santun, amanah dan selalu menympaikan kebenaran. Kitu nu uar pangajak pamaréntah pusat Bapa Présiden RI, H. Ir. Joko Widodo tur disosialisasikeun deui di kepemerintahan Purwakarta.
Ketua PGRI Cabang Bungursari, Suherman, S.Pd, M.Pd direncangan H. Ahyar, S.Pd nalika ngahadiran acara "Ziarah Rasul" 
Dina Hal ieu, Pemkab Purwakarta ngumpulkeun tamu ondangan pikeun tawadu ka nu Kawasa tur pangemut-ngemut kana perjuangan Rosululloh nu kuu dipiconto ku urang saréréa.
PGRI Cabang Bungursari Ngayakeun Kagiatan Muludan
 Plt. Camat Bungursari, Nurfalah nalika ngahadiran Muludan di PGRI Cabang Bungusrasi 
Ketua PGRI Cab. Bungursari nalika masrhkeun kagegelan ka Anggota PGRI Cab. Bungursari/Guru Berprestasi
Anggota PGRI Cab. Bungursari nalika Ngahadiran Muludan
Hadir dina acara “Ziarah Rrosul”, Bupati Purwakarta Hj. Anne Ratna Mustika; Wakil Bupati Purwakarta H. Aming; Dedi Mulyadi (Bupati manten dua perideu), Kepala Dinas Pendidikan Kabupatén Purwakarta, H. Purwanto, M.Pd sarta tamu ondangan séjénna nu teu tiasa disebatkeun.


Ketua PGRI Cab. Cibatu nalika biantara dipayuneun anggotana
Lian ti éta, saméméh tingkat kabupatén, momen Muludan geus lumangsung ti unggal kecamatan saperti halna di Kecamatan Sukatani jeung Kecamatan Bungursari ngalewatan wadah organisasi Persatuan Guru Republik Indonésia, parantos ngalumangsungkeun muludan nu harita mareng dina poéan Rebo ping 14 Nopember 2018. Kalih ti éta PGRI Cabang Cibatu ngamuludkeun warga PGRI. Pon kitu deui kecamatan-kecamatan nu séjénna katut masarakat umumna nu milu aub ngareuah-reuah lahirna jungjunan Nabi Muhammad SAW.***

Subscribe to receive free email updates:

1 Response to "WARTA TI PEMDA"

  1. Mugia berkah sadayana nu pangemut-ngemut kana perjuangan Rosululloh. Amin Ya Rob.

    BalasHapus