PEMUDA KREATIF
Pamuda Penyandang Disabilitas di Purwakarta
Bisa Nyiptakeun Robot Canggih
Tina Barang Urut
Ku : Anto Sukanto

Ajaib, sok sanajan tanpadaksa (disabilitas), Ahmad
Sobandi (28) mampu Nyiptakeun robot canggih tina barang urut [Potrét:
gin/jabarnews]
Warta Sunda Online,
NONOMAN nu
hiji ieu téh wastna Ahmad Sobandi (28), asal
Kecamatan Jatiluhur, Kabupaten Purwakarta nu tanpadaksa, mibanda sagala
pangabisa saperti diantarana nyieunan robot dina ngamangpaatkeun limbah.
Sok
sanajan, kaayaannana penyandang disabilitas, teu jadi pondok harepan keur Ahmad
cicing di tempat alias teu walakaya. Tapi ku ka motékarannana nepika bisa
nyieun robot nu ngawujud lalancahan nu didesain ku Ahmad ngamangpaatkeun limbah
elektronik nu ahirna ngahasilkeun hasil karya anu unik.
Nitenan
barang elektonik sareng alat mangrupa besi penjepit kertas, kabel, baterai,
alat solder jeung tang jadi modal Ahmad keur nyieun robot nu sederhana.
Ku
kaliheyan nonoman asal Kampung Cilegong Utara, geus ngahasilkeun lima robot lalancahan
ti mimiti ukuran leutik nepika nu sedeng, pon kitu deui robotna bisa gerak.
Kajaba aya nu bisa maké remot kontrol. Lian ti éta, mobil, kipas, nepika lampu
bel ogé bisa dijieun.
Kayning
pikeun tenaga penggerak, Ahmad ngamangfaatkeun batu baterai urut telepon
genggam kumplit jeung soket isi ulang listrikna. Sedengkeun keur penggerakkan,
inyana ngagunakeun chipset urut jeung
gir urut ulinan atawa barang elektronik lainna.
Robot lalancahan karya Ahmad Sobandi, nonomam
Purwakarta Penyandang Disabilitas [foto: gin/jabarnews]
Nurutkeun, Ecin Kuraésin (53), emana Ahmad,
anak nu kahiji tina tilu sadulur ieu, saenyana nu jadi budakna mibanda
pangabisa (bakat) téhti keur lulus SMP Sederajat di Sekolah Luar Biasa (SLB) di
Jatiluhur.
Kukituna, Ahmad nepika diarahkeun
sangkan neruskeun sakola nu leuwih luhur. Tapi, Ahmad leuwih cicing diimah,
kulataran maju tambah rumaja éraan mun tepung jeung babaturan nu sabayana komo
jeung batur lianna, kitu basa ditepungan diimahna poé Rebo (21/11/2018).
Nincak kana tilu taun ieu téh, Ahmad kakara
bisa nyiptakeun robot, malah munggaran karyana mah nyieun gorden nu bisa di buka
jeung di tutup maké remot. Anapon kitu nu jadi putra nu kameumeutna téh
némbongkeun hasil karya lainna ku mangrupa robot mobil.
Mimitina mah teu bisa naon-naon dina
nyieun robot samodél kitu, tapi Kersaning Nu Kawasa tur mukjiatna Alloh, yén
Ahmad Penyandang Disabilitas téh mibanda pangabisa. Keur mah teu aya nu méré
élmu pangaweruh ngeunaan kerajina nyieun robot téh. Aya ogé sok ningali dina
televisi ku ayana tayangan nu ngaguar bakat-bakat hebat, pon kitu deui nepika
sok ningalian jejaring internet youtube nu kiwari tiasa diakses ku saha waé.
“Nya sarupaning barang-barang eletronik,
urut payung butut, kabel-kabel telepon nu aya di bumi ti mimimti barang nu
ampir jadi rongsokan téh nepika dimangpaatkeun keur ngulik pangabisa nu secara
otodidak. Pon kitu deui barang-barang nu masih kénéh fungsi ogé jadi percobaan
ngulik pangabisa,” pokna ibu Écin.
Nepika ayeuna hasil karya budakna geus
loba tur dikoleksi keur dirina. “Tapi tug dugika kiwari hasil karyana can
dijual ka piha anu terkait,” pokna deui.
Nitenan katukang mah, Ahmad mun nyieun
robot bongkar pasang téh ku keterbatasan alat jeung bahan, tapi ayeuna mah
ceuyah lantaran aya bantuan ti babaturanna nu milu ngarojonng kana pangabisana.
Sok sanajan ku keterbatasan pisik jeung
alat katut bahan, tapi Ahmad tiasa némbongkeun pangabisa dina ngulik sarupaning
bahan urut keur berkréasi. ***
(Gin/JabarNews)
Mugia nonoman Ahmad Sobandi (28)teh sing dijembarkeun rejekina, kalayan dipaparinan kaberkahan. Amin
BalasHapus