Amir ti Cipéréng Kapendak di Musola Al-Muttaqin Purwakarta, Rék Dijemput ku Kulawargana
Amir ti Cipéréng Kapendak di Musola Al-Muttaqin Purwakarta, Rék Dijemput ku Kulawargana
Purwakarta – Grup Majalah Warta Sunda,-
Warga ngaranna Amir, asalna ti Kp. Cipéréng RT 02/01, Désa Citalem, Kecamatan Cipongkor, Kabupaten Bandung Barat, ba'da Magrib ngadon istirahat di Musola Al-Muttaqin, Kp. Cilalawi RT 08/03, Désa Canting Utara, Kecamatan Sukatani, Kabupaten Purwakarta. Ahad, 31/8/2025.
Numutkeun DKM Musola Al-Muttaqin, Anto, yén, Amir datang ka musola ngadon istirahat. Basa dipénta keterangan, yén dirina bingung rék balik ka bumina. Lantaran, geus 12 poé ti Jakarta, rencana rék ngadon digawé, tapi pas ka Jakarta, teu sesuai harepanna. Ti harita anjeunna, geus bingung balik nilik bekel ti imah tos teu aya alias habis. Nya, nepika mapay-mapay jalan, bari turun ungah mobil dolak (colt buntung). Meh, mobil éta gampang keur turun unggahna. Lain teu hayang naék mobil dump truk, ngan tuur, geus rempo teu kuat lila ngajanteng, komo bari nerekel mobil dump truk anu sakitu gedéna. Kitu dicaritakeun ku Amir (50) ka Redaksi.
Nepik anjrog ka hiji lembur, nging adan ka kuping tikajauhan. Nya, Alhamdulillah nepika buruan musola leutik, cat warna konéng, reureuh, témbong diberi jama'ah musola keur jama'ah Magrib. Lol, saurang jama'ah béres solat magrib, bari ngawanikeun ménta ijin, rék ngadon istirahat sapeuting di musola, isukan rék neruskeun lalampahan balik ka Imah.
ngantosan mobil sababaraha waktu kapengker sempet ngalaman kaayaan linglung, ayeuna tos aya dina kaayaan langkung tenang. Kulawargana ogé parantos meunang beja sarta mastikeun badé sumping ka lokasi pikeun ngajemput anjeunna.
Salaku umat Nabi Muhammad SAW, yén Musola Al-Muttaqin nunjukkeun rasa perhatian jeung gotong royong, ku cara ngajaga Amir salila aya di lingkungan éta. Ku ayana koordinasi anu hadé, prosés pangbalikan Amir ka kulawargana Alhamdulillah lumangsung kalayan aman tur lancar.
Amir, asalna ti Kp. Cipéréng RT 02/01, Désa Citalem, Kecamatan Cipongkor, Kabupaten Bandung Barat, ba'da Magrib ngadon istirahat di Musola Al-Muttaqin, Kp. Cilalawi RT 08/03, Désa Canting Utara, Kecamatan Sukatani, Kabupaten Purwakarta. Ahad, 31/8/2025.*
Kaayaan ieu janten conto yén rasa silih pikanyaah jeung silih tulungan di tengah-tengah masyarakat téh masih kénéh hirup, utamana pikeun jalma-jalma anu keur peryogi pitulung.***
0 Response to "Amir ti Cipéréng Kapendak di Musola Al-Muttaqin Purwakarta, Rék Dijemput ku Kulawargana"
Posting Komentar