WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Hasil OKK di Bogor, 3 Urang Resmi Jadi Anggota PWI Purwakarta

Hasil OKK di Bogor, 3 Urang Resmi Jadi Anggota PWI Purwakarta Tilu calon anggota anu dikirim nyaéta Aik Hakiki, Rafael Cristian ...

CAMPALA MEDAR

ASISINDIRAN DINA KAHIRUPAN MASARAKAT SUNDA Urang Sunda kawilang dalit jeung wangun karya sastra anu kiwari disebut sisindiran, anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Ti bubudak éta téh. Sanajan tangtu baé, sisindiran budak mah, kawilang basajan, ngawujud dina kakawihan. Mun rék ucing-ucingan, upamana, barudak sok hompimpah heula. Hompimpah alaikum gambréng, Ma Ijah maké baju rombéng. Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

Bentangna Banjarsari

Bentangna Banjarsari : Neng Rasel Rosita Dewi, Euyeub Prestasi, Sepuhna Reueus



Néng Rasel Rosita Dewi putri ti pasangan Bapa Asep Saeful Rizal sareng Ibu Ani Puspitasari, dina taun ieu réngsé namatkeun sakolana di MTSN 10 Ciamis, alamat panganjrekanana di Kampung Ciherang Kecamatan Banjarsari Kabupatén Ciamis, Jawa Barat.

Salami di sakola, di MTSN 10 Ciamis, Néng Rasel téh euyeub ku layang pangajen dina widang atikan (pendidikan), nu matak reueus ibu ramana.

Rasel kungsi kenging kapinunjulan Juara 1 MTSamsa dina ajang Mencari Bakat magelar intrakulikuler jeung ekstrakulikuler MTS 10 Ciamis.

Dilingkungan keluargana, néng Rasel diatik jeung didik widang kaagamaan anu langkung anteb. Keur mah, anjeuna aya di lingkungan pondok Pesantrén Al-Ishlah Purwasari Banjar Sari, ogé aktif di Yayasan Serba Bakti Pesantrén Suryalaya ku rupi-rupi kagiatan keagamaan nu sakitu padetna, mugia ieu janten kaberkahaan tur janten mangpaat keur néng Rasel.

Mangsana akhir lulusan sakola, Rasel nyangking prestasi nu matak ngabungahkeun nu janten sepuhna.

Sedengkeun disakolana néng Rasel aya dina peringkat ka 3 kelas IX A Semester Genap di MTSN 10 Ciamis taun pelajaran 2021/2022 nu jumlah peunteunna 2.986. Kitu 

Kepala Sekolah MTSN 10 Ciamis, H. Maskur, S.Ag. nu direncangan wali kelas IX Ibu Muniroh, S.Pd, ngaraos bangga yén tina hasil prestasi murid-muridna taun ieu. Dina kaayaan sasalad covid-19 barudak didikna parantos nyangking préstasi.***

Dodi

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "Bentangna Banjarsari"

Posting Komentar