WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Bener Henteuna : Dalih SMK TARUNA SAKTI Purwakarta Nahan Ijzah Alumni???

Bener Henteuna : Dalih SMK TARUNA SAKTI Purwakarta Nahan Ijazah Alumni??? PURWAKARTA - www.wartasunda.id     "Larangan pamaréntah ka l...

CAMPALA MEDAR

ASISINDIRAN DINA KAHIRUPAN MASARAKAT SUNDA Urang Sunda kawilang dalit jeung wangun karya sastra anu kiwari disebut sisindiran, anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Ti bubudak éta téh. Sanajan tangtu baé, sisindiran budak mah, kawilang basajan, ngawujud dina kakawihan. Mun rék ucing-ucingan, upamana, barudak sok hompimpah heula. Hompimpah alaikum gambréng, Ma Ijah maké baju rombéng. Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

Rempugjukung Warga Babakansari Ngabageakeun Siswa Dikbater

Rempugjukung Warga Babakansari Ngabageakeun Siswa Dikbater

Laporan : Anto Sukanto

Kegiatan Bhakti TNI Siswa DIKBATER di Désa Babakansari, Kecamatan Paléréd di tiga tempat Se-Kabupatén Purwakarta.*


PALERED - Warta Sunda Onliné,

Kagiatan Bhakti TNI Siswa DIKBATER dipagelarkeun di tilu tempat sa-Kabupatén Purwakarta. Tilu tempat éta ngawengku diantarana di Koramil Darangdan, Sukatani jeung Koramil Paléréd. Luyu sareng téma : “Karya Bakti TNI Satkowil Meningkatkan Kwalitas yang mengedepankan masyarat dan  berprilaku Hidup Sehat memantapkan kemanunggalan TNI – Rakyat”


Tujuan acara éta, pikeun ngayakeun Operasi Bhakti adalah partisipasi TNI sebagai alat pertahanan negara dalam rangka pembinaan wilayah dibidang fisik materiil dan mental spiritual dilakukan atas perintah Panglima TNI dengan memanfaatkan tenaga, daya, dana dan sarana dalam rangka Bhakti TNI.


Kukitunna para siswa dina Pendidikan Bintara (Dikbater) salila disakola kemiliteranana tiasa diaplikasikeun dilapangan terjun langsung ka masarakat luyu sareng Kemanunggalan TNI-Rakyat adalah kondisi kejiwaan dimana rakyat telah merasa bersama, senasib seperjuangan dengan TNI dalam rangka mempertahankan Negara Kesatuan Republik Indonesia. 


Lian ti éta tujuan jadi bintara téh apal kana materi nu ditepikeun salila di sakola kemiliteran, kituna ogé materi saperti pembinaan pertahanan wilayah (Bintahwil), Binkomsos, Binbhakti hususna leuwih kana cinta tanah air. Kitu ceuk Letkol INF Henhen salaku komandan latihan Dikbater di 3 Titik di Kabupatén Purwakarta, poé Ahad (25/10/2020) di Désa Babakansari Kecamatan Paléréd.


Dina kasempetan éta ogé, Kepala Koramil 1902 Paléréd Kapten Arm Rambat, ngarasa bingah yén Koramilna dijantenkeun perwakilan tina kagiatan DIKBATER  Padalarang. Malah mandar karancagean ti staké holdér nu milu aub dina kagitan saperti Bakti TNI Siswa Dikbater TA-2020, Bintahwil Siswa Dikbater TA-2020.


“Mugi tina karancagean éta tiasa janten wasilahna tina silaturahmi antara TNI sareng rakyat,” pokna Kapten Arm Rambat nalika ngawangkong jeung Warta Sunda Onliné.


Lain halna ceuk Babinsa Désa Babakansari serda Taufik Rahfimuji, inyana ngahaturkeun bhaktos Bakti TNI Siswa Dikbater di désa binaannana, tiasa sasarengan kerja bhakti ku bebersih lingkungan berbaur jeung warga masarakat.


Sedengkeun ceuk perwakilan siswa dikbater, Sertu Namin ti Pusdikter tiasa ngalaksanakan KKL (Kuliah Kerja Lapangan) di wilayah koramil 1902 Paléréd. Bhaktina ka lemah cai ku milu aubna 13 urang siswa dikbater marilu bebersih lingkungan diwewengkon Désa Babakansari Kecamatan Paléréd.


Ungkara-ungkara di luhur éta téh dihaminan ku Camat Kecamatan Paléréd sarta Kepala Désa Babakansari. Bari pokna Camat Kecamatan Paléréd, Asép Sendjaya, S.Ip ku kamanunggalan TNI jeung Rakyat, ieu minangka bhaktina para TNI ka lemah cai pikeun ngayoman wargana.


Ari kasauran Kepala Désa Babakansari, Yaya, désana jadi percontohan tina kagiatan Bakti TNI Siswa Dikbater, kalintang bagjana. Lantaran para tangtara nu keur diajar lian ti merjuangkeun ketahanan NKRI, para siswana ogé turun babarengan rempug jukung dina bebersih lingkungan wargana.


Kasauran Tokoh Masarakat, Abah Deden dina wangkongan jeung Warta Sunda Onliné ngarasa bungah amarwatasuta ku dongdonan para TNI nu aya dina kagiatann Bakti TNI Siswa Dikbater. Minangka tali silaturahmi jeung warga keur ngawangun nagri ku babakti ka lemah cai.


Peupeujeuhna ka para siswa Dikbater, “lain ukur sapoéeun atuh kagiatan nu saperti kitu téh, tapi lumangsung unggal waktu, warga masarakat nganti-nganti kiprahna Dikbater,” pokna Abah.

Wawasan kebangsaan kepada Anak Pramuka Saka Wira Kartika


Nurutkeun data nu dikumpulkeun kuWarta Sunda Onliné, yén kagiatan Bakti TNI Siswa Dikbater ogé Bintahwil Siswa Dikbater téh lumangsung di Désa Babakansari katut Kantor Kecamatan Paléréd. Malah rempug jukungna ti unsur aparat désa katut kecamatan, 20 urang perwakilan Koramil 1902 Paléréd, 13 urang siswa Dikbater, Karang taruna, paguyuban RT.05, linmas, sarta ibu-ibu peserta PKH Désa Babakansari.***

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "Rempugjukung Warga Babakansari Ngabageakeun Siswa Dikbater"

Posting Komentar