WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Bener Henteuna : Dalih SMK TARUNA SAKTI Purwakarta Nahan Ijzah Alumni???

Bener Henteuna : Dalih SMK TARUNA SAKTI Purwakarta Nahan Ijazah Alumni??? PURWAKARTA - www.wartasunda.id     "Larangan pamaréntah ka l...

CAMPALA MEDAR

ASISINDIRAN DINA KAHIRUPAN MASARAKAT SUNDA Urang Sunda kawilang dalit jeung wangun karya sastra anu kiwari disebut sisindiran, anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Ti bubudak éta téh. Sanajan tangtu baé, sisindiran budak mah, kawilang basajan, ngawujud dina kakawihan. Mun rék ucing-ucingan, upamana, barudak sok hompimpah heula. Hompimpah alaikum gambréng, Ma Ijah maké baju rombéng. Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

Nonoman di Kampung Jawa Désa Cibogohilir Meunang Pancen Ngokolakeun TPS


 
Nonoman di Kampung Jawa
Désa Cibogohilir
Meunang Pancen Ngokolakeun TPS


“Ceuk Ketua Karang Taruna Kampung Jawa ka Warta Sunda Nusantara, dipaparinan pancen pikeun ngokolakeun tempat pembuangan sementara (sampah). Pihakna ngahaturkeun rewu-rewu nuhun kana kapercantean ti warga hususna ka Pa RT Ara sareng Abah Roup.”

PLÉRÉD  – Warta Sunda Onliné,

M

ilu aubna para nonoman dina ngabantu program Citarum Harum, kulantaran mahabuna runtah ngahunyud di wahangan Cicalibur, di Kampung Jawa RT.08/RW.04 Désa Cibogohilir. Ku karancagéan Ketua RT.08 nu dibantos ku para donatur nepi ka tiasa ngawujudkeun nyieun bak Tempat Pembuangan Sementara (TPS) dilingkunganana.

Malah mandar warga tong nepik miceun runtah dimana waé, tapi ku parantos disadiakeunnana bak Tempat Pembuangan Sementara éta tiasa sadar lingkungan. Poma lingkungan kedah dijaga babarengan pikeun nyiptakeun lingkungan anu resik, bersih tur hegar. Kitu ceuk Ketua RT.08, Ara (33) ngeceskeun ka Warta Sunda Onliné/Warta Sunda Nusantara nalika dina acara pembongkaran tur mindahkeun makom warga nu rencanana rék kasabet ku fasilitas umum keur penampungan pembuangan sampah.

Nitenan sawatara waktu katukang runtah nu aya di wahangan Cicalibur ngahunyud kurang leuwih kana 7 - 8 tonan téh, kungsi di kerjabaktikeun antara koramil jeung rengrengan warga, katut warga atikan (PGRI). “Ayeuna tarekah jeung patéahna ku nyieun bak tempat pembuangan sementara hasil tina rereongan para donnatur. Saperti halna kamari dibalakan ku Pa Camat Kecamatan Pléréd, Asép Sendjaya, S.Ip nyumbang 2 truck sirtu sarta abu batu pikeun motivasi para nonoman (anak muda) milu mikacinta kana lingkungan.” Pokna Pa RT Ara.

Lian ti éta, Kepala Désa Cibogohilir, Abad Badrudin sinareng Ketua Karang Taruna Kampung Jawa H Hilman alias cutok nu parantos nyumbang matrial pikeun ngawujudkeun fasilitas umum keur bak penampungan pembuangan sampah. Sarta para tokoh saperti Pa H. Yayan ogé milu aub nyumbangkeun.

Hal nu sarupa dihaminan ku sesepuh masarakat, Abdul Roup (63), “Sim kuring ngarojong kana program nonoman nu milu aub kana nyukseskeun program Citarum Harum ku nyieun bak penampungan runtah di lokasi Makam Kampung Jawa Désa Cibogohilir Kecamatan Paléréd Kabupatén Purwakarta.”

Disagedengeun éta, di wewengkon Kampung Jawa sifat “Gotong Royong” masih kénéh aya. Saperti dina acara ka nu maotan warga tanpa dipasihan béja geus saget ngagali makam luyu sareng tempat anu kosong. Poma poé tadi, Juma’ah isuk (09/10/2020) ku ayana pemindahan makam Keluarga Bp. Jamhur bin Boon (alm). Geus 54 taun makamna kasabet ku ayana program ngadamel bak Tempat Pembuangan Sementara.

“Hasil karancagéan Pa RT Ara sareng pihak keluarga, ahirna Makam Bp. Jamhur bin Boon di alihkeun ka tukang caket tempat nyimpen pasaran,” pokna abah Roup.

Sedengkeun ceuk perwakilan keluarga Bp. Jamhur bin Boon ngalewatan H. Abdullah Bin Husen nu dikolotkeun. Dina mindahkeun Makom Bp. Jamhur bin Boon, pihak keluarga geus ngarelakeu dipindah keur kapentingan warga dina ngokolakeun tempat miceun runtah.

Lain halna ceuk Camat Kecamatan Pléréd, Asép Sendjaya, S.Ip, pihakna ngiring ngajeujeuhkeun kana inisiatif warga nu swadaya nyieun bak penampungan runtah. “Malahan para nonoman (para pemuda) kapayunna tina ngokolakeun TPS éta bisa ngoordinir pasualan runtah, sangkan warga tong miceun runtah sembarangan. Tapi mun dilola kalayan daria ku nonoman ngalewatan Karang Taruna tangtu tiasa nyiptakeun lapangan pekerjaan.  

Ceuk perwakilan Ketua Karang Taruna Kampung Jawa diwakilan ku Susan Samsudin alias Méong (27) ka Warta Sunda Onliné/Warta Sunda Nusantara, dipaparinan pancen pikeun ngokolakeun tempat pembuangan sementara (sampah). Pihakna ngahaturkeun rewu-rewu nuhun kana kapercantean ti warga masarakat hususna ka Pa RT Ara sareng Abah Roup.

“Mugia pancen ieu tiasa dijalankeun sakumaha mistina, tetep nyuhunkeun saran ti pihak terkait,” pokna Usan.***


Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "Nonoman di Kampung Jawa Désa Cibogohilir Meunang Pancen Ngokolakeun TPS"

Posting Komentar