WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Warta Gedung Dewan : Sekretariat DPRD, kadatangan Rengrengan Pangurus katut Anggota PWI Purwakarta

Poto bareng PWI Purwakarta jeung Sekretariat DPRD.* GEDUNG DEWAN -  www.wartasunda.id,- Sekretariat Dewan Perwakilan Rakyat Da...

CAMPALA MEDAR

ASISINDIRAN DINA KAHIRUPAN MASARAKAT SUNDA Urang Sunda kawilang dalit jeung wangun karya sastra anu kiwari disebut sisindiran, anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Ti bubudak éta téh. Sanajan tangtu baé, sisindiran budak mah, kawilang basajan, ngawujud dina kakawihan. Mun rék ucing-ucingan, upamana, barudak sok hompimpah heula. Hompimpah alaikum gambréng, Ma Ijah maké baju rombéng. Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

Keur Viral : Aya Naon Wisatawan di Ciamis!!!

Témbong dina poto tanda panah: Salasaurang awéwé keur poto Selfi dina batu tempat peribadatan dina mangsa masa Kerajaan Galuh.


CIAMIS - Warta Sunda Onliné, 

Ati-ati sakumna warga nu resep arulin di tempat-tempat cagar budaya. Entong kawas kajantenan di Kabupatén Ciamis dua wisatawan nu keur dipoto Selfi naék dina batu patilasan Karangkamulyan. Antukna masyarakat Tatar Galuh, Kabupatén Ciamis, Jawa Barat, jaradi ijid ku paripolah éta.

Aksi para wisatawan nu keur ngadeg di luhureun lambang peribadatan éta sumebar di média sosial, Senen (5/10/2020).

Témbong dina poto : Salasaurang awéwé keur poto Selfi dina batu tempat peribadatan dina mangsa masa Kerajaan Galuh.*

Keur mah batu patilasan nu ditaékan ku para wisatawan éta ngarupakeun batu bersejarah nu dikenal batu tempat peribadatan dina mangsa masa Kerajaan Galuh. Kitu ceuk Pihak Balai Pelestarian Benda Cagar Budaya (BCB), Agus Abdul Haris ka awak média.

Dina Undang-undang (UU) Cagar Budaya Nomor 11 Tahun 2010 perilaku para wisatawan éta geus pada ngalanggar hukum. Poma bisa dipidana. “Di Undang-Undang ogé parantos jelas. Éta tos bisa dipidanakeun,” pokna Agus.

Karangkamulyan nu aya di Désa Karangkamulyan, Kecamatan Cijeunjing Kabupatén Ciamis. Tempat ieu minangka objek wisata nu aya patula-patali jeung Kerajaan Galuh.

Agus ngajentrekeun, nilik dina pandangan adat jeung budaya Galuh. Aksi éta jelas ngalanggar etika. “Éta mah teub sopan. Komo nitenan tina pandangan adat, aksi wisatawan éta teu beretika,” pokna deui.

Lain deui ceuk R Sigma Martanagara dina unggahan laman Facebook-na ngungkapkeun, awéwé nu nincak Batu Lambang Peribadatan éta téh wastana Dr Retty Isnendes, M. Hum. Salasaurang dosen Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah FPBS UPI.

Sedengkeun ti pihak HR Online ngshubungi Dr Retty, Inyana ogé ngabantah geus ngalakukeun pelecehan jeung penghinaan di Situs Karangkamulyan.

"Aya rujukan ti warga nu nganteur, spontanitas, jeung mihormat karuhun. Sim kuring sémah alias tamu, teu apal naon-naon, ngan ukur ngiringan we," pokna Retty Isnendes.

Ditempat anu beda, Kepala Dinas Kebudayaan dan Olahraga (Disbudpora) Kabupatén Ciamis, Erwan ngarasa kuciwa ku ayana aksi dua irang éta.

“Sacara pribadi jeung kedinesan sarta sim kuring nu digawé di wilayah nu ngajungjung tinggi nilai kagaluhan tangtu rada kuciwa,” pokna Erwan.***


Sumber ti Galuhid.com sarta HR.con.



Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "Keur Viral : Aya Naon Wisatawan di Ciamis!!!"

Posting Komentar