WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Warta Gedung Dewan : Sekretariat DPRD, kadatangan Rengrengan Pangurus katut Anggota PWI Purwakarta

Poto bareng PWI Purwakarta jeung Sekretariat DPRD.* GEDUNG DEWAN -  www.wartasunda.id,- Sekretariat Dewan Perwakilan Rakyat Da...

CAMPALA MEDAR

ASISINDIRAN DINA KAHIRUPAN MASARAKAT SUNDA Urang Sunda kawilang dalit jeung wangun karya sastra anu kiwari disebut sisindiran, anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Ti bubudak éta téh. Sanajan tangtu baé, sisindiran budak mah, kawilang basajan, ngawujud dina kakawihan. Mun rék ucing-ucingan, upamana, barudak sok hompimpah heula. Hompimpah alaikum gambréng, Ma Ijah maké baju rombéng. Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

IR. TJUTJU SUPARMAN. SP (Wakil Ketua II. DHC BPK 45 Purwakarta) Tilar Dunya



Warta Sunda Onliné,


Innalilahi wainnailaihi rojiuun,

Titis tulis Bagja diri, takdir teu bisa dipungkir, qodar teu bisa dipungpang, poé Ahad ieu, poé punungtung pikeun IR. TJUTJU SUPARMAN. SP (Wakil Ketua II. DHC BPK 45 Purwakarta) dina ngambah Sagara Kahuripan di alam Dunya.

Poé ieu Pa TJUTJU SUPARMAN mulang ka alam kalanggengan, nyungsi poé panjang anu sampurna. 

Ngantunkeun dina dinten Ahad, ping 4 Oktober 2020, jam 10.30 WIB, di RS. Bayu Asih Purwakarta. 

Mugia mulangna Almarhum sing dipapag ku kanyaahna Gusti nu murbeng alam, ogé mugia Gusti nu Maha welas tur Maha Asih, meresihan diri Almarhum. Tina Sagala dosa, malah mandar Almarhum cicing tumaninah Dina sawargana Alloh...... 

Aamiin yaarobbal Alamiin...


Ngiring Sungkawa

Kulawedet DHC BPK 45 Purwakarta


H. Suwanda Ondokusumah, S.IP. 

Kolonel Inf (Purn)

(Ketua)



Anto Sukanto 

(Sekretaris)

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "IR. TJUTJU SUPARMAN. SP (Wakil Ketua II. DHC BPK 45 Purwakarta) Tilar Dunya"

Posting Komentar