WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Bener Henteuna : Dalih SMK TARUNA SAKTI Purwakarta Nahan Ijzah Alumni???

Bener Henteuna : Dalih SMK TARUNA SAKTI Purwakarta Nahan Ijazah Alumni??? PURWAKARTA - www.wartasunda.id     "Larangan pamaréntah ka l...

CAMPALA MEDAR

ASISINDIRAN DINA KAHIRUPAN MASARAKAT SUNDA Urang Sunda kawilang dalit jeung wangun karya sastra anu kiwari disebut sisindiran, anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Ti bubudak éta téh. Sanajan tangtu baé, sisindiran budak mah, kawilang basajan, ngawujud dina kakawihan. Mun rék ucing-ucingan, upamana, barudak sok hompimpah heula. Hompimpah alaikum gambréng, Ma Ijah maké baju rombéng. Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

Dewan Pengupahan Kabupaten Ciamis Survei Harga Barang Ka Pasar

Dewan Pengupahan Kabupaten Ciamis Survei Harga Barang Ka Pasar


Katerangan poto: Dewan Pengupahan Kabupaten Ciamis,rapat nyawalakeun KHL sakumaha Komponen jeung jenisna nu natrat dina Peraturan Menteri Ketenagakerjaan Nomor 18 tahun 2020, Senen (26/10-2020) di aula KLK Disnaker Jl.Siliwangi Ciamis.*(Poto:D.RUHIMAT)


CIAMIS - wartasundaonline.com

Sakumaha Peraturan Pemerintah Republik Indonesia nomor 78 Tahun 2015 tentang pengupahan,anu nyoko kana Pasal 43, ayat 1; pikeun nangtukeun upah minimum teh saban tahunna dumasar kana kebutuhan hidup layak (KHL) anu merhatikeun oge kana produktivitas jeung pertumbuhan ekonomi. Ari acuan pikeun nangtukeun hidup layak pekerja/buruh teh nyoko kana pangabutuh eta pekerja/buruh saban bulan. Saluyu kana Pasal 43 ayat 5,yen eta komponen jeung jenis barang nu dipikabutuh ku pekerja/buruh teh saban lima tahun sakali,kudu ditingali deui saluyu jeung pangaji hahargaan di pasar.

“Dumasar kana eta Peraturan Pemerintah Nomor 78 Tahun 2015 jeung kaluarna Peraturan Menteri Ketenagakerjaan Republik Indonesia Nomor 18 Tahun 2020 tentang komponen jeung jenis KHL tahun 2020,Dewan Pengupahan Kabupaten Ciamis,ngayakeun gempungan nyawalakeun ngeunaan KHL pikeun dasar nangtukeun UMK Kabupaten,” cek Kepala Dinas Tenaga Kerja Kabupaten Ciamis,Asep Dedi Herdiana,SE,dina bubuka rapat ngabahas kompoenen jeung jenis Kebutuhan Hidup Layak (KHL) pikeun pekerja/buruh,anu komponen jeung jenisnya dijabarkeun dina Peraturan Menteri ketenagakerjaan Republik Indonesia Nomor 18 Tahun 2020. Rapat lumangsung di Gedung BLK Jl.Siliwangi Ciamis, Senen (26/10-2020).

Hadir,Ketua Dewan Pengupahan Asep Dedi Herdiana. SE Kepala Disnaker,Wakil Ketua Dr.H.Sukomo M.Si ti Fakultas Ekonomi Universitas Galuh Ciamis. Sekertaris Kepala Bidang Perlindungan dan Jaminan Sosial Disnaker,anggota Kepala Bidang Perdagangan ti Dinas Koperasi,UKM dan Perdagangan,Kepala Seksi Statistik Distribusi ti BPS,Kepala Seksi Hubungan Antar Lembaga Kesbangpol, Kepala Sub Bagian Bina Kemasyarakatan ti bagian Kesra Setda, ti Pengusaha Ketua DPK Apindo,Sekretaris Apindo, ti Serikat Pekerja/buruh Ketua jeung Wakil Ketua K-SPSI oge wawakil ti unsur Perguruan Tinggi Nurdiana Mulyatini SE,MM ti Fakultas Ekonomi Universitas Galuh Ciamis.

Hasil eta gempungan sapuk,Dewan pengupahan Ciamis,baris ngayakeun survei ka pasar nu geus ditangtukeun. Nyaeta ka Pasar Banjarsari. Pasar Banjarsari,minangka barometer pasar nu aya di beulah wetan Ciamis. Pasar Kawali,barometer pangaji barang nu aya di beulah kaler Ciamis. Pasar Sindangkasih,barometer pangaji barang nu aya dibeulah kulon. Pasar Manis Ciamis,barometer pangaji barang nu aya disabudeureun kota Ciamis jeung kacamatan nu patapel wates jeung kacamatan Ciamis.

Ari barang nu di survei saluyu jeung katangtuan barang nu kacatet dina Peraturan Menteri Ketenagakerjaan Nomor 18 Tahun 2020 nyaeta:Komponen makanan jeung minuman,jenisna: Beas,daging,lauk,endog,kacang-kacangan,susu bubuk,gula pasir,minyak goreng,sayuran,buah-buahan,karbohidrat,teh,kopi,cai nginum,bumbu. 

Sandang jenisna; calana panjang katun,calana pendek katun,beubeur,kameja panjang katun,kaos sangsang,calana jero polister,sarung,sapatu kulit sintetis,kaos kaki polos,alat semir sapatu,sendal jepit,anduk ukurean 1 MtX60 Cm, sajadah,Al Qur’an,peci. Perumahan jenisna; sewa/kontrak imah nu ukuran 16 m2, dipan nomor 3,kasur busa,bantal busa,spre jeung sarungna tina katun,meja korsi,lomari pakean,sapu,piring,gelas,sendok,teko almunium,wajan alumunium,panci alumunium,susuk,

rice cooker ½ liter,kompor,selang jeung regulator,tabung gas 3 kg, eusi gasna,ember plastik,gayung plastik,listrik 1300 volt ngan 80 kwh, bohlam,cai bersih PDAM ngan 3,5 M3,sabun nyeuseuh,sabun jang nyuci piring, setrika,rak piring portible plastik,peso dapur,kaca eunteung. 

Pikeun komponen pendidikan,jenisna; televisi LED 21 inci, pulpen. Komponen kasehatan,jenisna; pasta gigi,sabun mandi,sikat gigi,shampo,korek kuping,alat cukur,deodorant,obat nyamuk,biaya cukur rambut,sisir. Komponen Transportasi jeung komunikasi jenisna; angkot,pulsa jeung data HP. Komponen rekreasi,tabungan jeung jaminan sosial,jenisna; rekreasi nu aya dijero kotana,tabungan 2 persen tina jumlah pangaluaran,jaminan sosial 2 persen tina jumlah pangaluaran.

Ceuk Wakil Ketua dewan Pengupahan oge Dewan Pakar, Dr.H.Sukomo M.Si ti Fakultas Ekonomi Universitas Galuh Ciamis,eta jenis barang nu disurvei teh kualitasna saluyu jeung petunjuk Peraturan Menteri Ketenagakerjaan Nomor; 18 Tahun 2020. Aya nu kualitas hade jeung sedeng. Jumlah kabutuhan saban bulanna,saurang pekerja/buruh teh geus diwatesanan dina eta peraturan,boh jumlah kilo,leter,meter kubik,jumlah sasetna,per buku,jrrd. “Ari tos survei mah,gaduh patokan kanggo bahan nimbang-nimbang sareng UMK atanapi UMP”,cek Dr.H.Sukomo M.Si. Pikeun,patugas surveina,tos kahancengan sadaya panggurus jeung anggota Dewan Pangupahan Kabupaten Ciamis. Saparantos survei baris aya gempungan deui.

Nurutkeun Kepala Disnaker, tug kakiwari acan aya katangtuan nu tandes. Kamari di Bandung,basa lokakarya Dewan pengupahan jeung para dinas tenaga kerja sa Jawa Barat. Teu tuntas,pihak kementrian kaburu rusuh aya acara deui.Nu baris dipake dasar nangtukeun upah, UMK teh peraturan pemerintah nomor sabaraha. Naha rek tetep make acuan Peraturan Pemerintah Nomor 78 tahun 2015. Mun tea tetep sakabeh gubernur,wajib netepkeun Upah Minimum Propinsi (UMP) jeung kudu diumumkeun bareng dina tanggal 1 Nopember. Ari pikeun Upah Minimum Kabupaten (UMK) kapan kudu ngaleuwihan UMP. “Ngan tos sapuk Dewan Pengupahan Ciamis mah tetep survei harga barang ka pasar”,pokna.

Cek Dr.H.Sukomo M.Si,Wakil Ketua Dewan Penguhan Kabupaten Ciamis, UMK Kabupaten Ciamis tahun kamari Rp 1.880.000,00 per bulan. Pikeun ukuran kaayaan ayeuna ayana Covid 19,duka tetep,ngurangan atawa ngaleuwihan. Acan aya kapastian. Dumasar kana pertumbuhan ekonomi,jeung situasi resesi.

Ari cek Ketua jeung Sekretaris Apindo,nembrakeun pangusaha ku Covid 19 teh teu bisa hojah. Bahan baku hese,masarkeun kawatesanan ku zona merah,kuning,hijau tea. teu saeutik nu nutup parusahaanana. Ayeuna leleng kahalu,dina kayaan new normal ayeuna. Tapi,investormah tetep teu labas rek diinvestasi oge,ku kondisi ayeuna mah. Apindo ngarasa kabeuratan,lamun tea UMK nyoko kana 7 komponen, 64 jenis barang pangabutuh pekerja/buruh,sok komo nilik kualitasna. Matak teu kabeh,nu aya dina catetan Peraturan nomor 18 tahun 2020 Kementerian Ketenagakerjaan bisa dilarapkeun di Ciamis. Ngan survei,ngan saukur jang pembanding.Matak kudu saenyana harga nu aya dipasar.

Ketua K-SPSI Iwan Erawan SE,leuwih hade diayakeun survei heula gemet. Ari cek Wakil ketua K-SPSI D.Ruhimat,dina eta rapat,nembrakeun kahayang mah UMK/UMP jang tahun 2021,anu ditetepkeun dina tahun 2020 teh, undak dina tahun kamari. Tapi,pekerja oge di Ciamis,paham ku kondisi musibah Covid 19 ieu. Untung mun tea angger Rp.1.880.000,00. Alatan,covid 19 geus ngajorengjakeun pangusaha jeung pekerja.Atuh dina news norma leleng kahalu deui. Survei KHL jang pembanding UMK.**D.RUHIMAT



Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "Dewan Pengupahan Kabupaten Ciamis Survei Harga Barang Ka Pasar"

Posting Komentar