WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Bewara Hasil Kejuaraan Binojakrama Padalangan Tingkat Jawa Barat di Stadion Pakansari Kabupaten Bogor

Bewara Hasil Kejuaraan Binojakrama Padalangan Tingkat Jawa Barat di Stadion Pakansari Kabupaten Bogor, Jumaah, 13 Juni 2025.   Hasil kapin...

CAMPALA MEDAR

ASISINDIRAN DINA KAHIRUPAN MASARAKAT SUNDA Urang Sunda kawilang dalit jeung wangun karya sastra anu kiwari disebut sisindiran, anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Ti bubudak éta téh. Sanajan tangtu baé, sisindiran budak mah, kawilang basajan, ngawujud dina kakawihan. Mun rék ucing-ucingan, upamana, barudak sok hompimpah heula. Hompimpah alaikum gambréng, Ma Ijah maké baju rombéng. Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

Talutug Kélor


#haiku_Sunda
Ku : Asép Somantri

talutug kèlor
rumangsang geus sirungan
karahayuan

Saptu 04 April 2020 gembleng dua minggu kuring nancebkeun talutug tangkal kèlor di pakarangan.
Harepan kuring ngaliarkeun tangkal kèlor taya lian nyèta pikeun nunjang kasèhatan kulawarga. Sahanteuna pucuk daun kèlor bisa dimangpaatkeun jang angeun hèrang, anu kandungan vitaminna henteu èlèh ku sayuran sèjènna.

Bungah rasana hatè, bari moyan ningali talutug kèlor nu ditancebkeun geus mimiti sarirungan. Alhamdulillahirobbilalamiin.

Kotrèt lan potrèt ku SaKau

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "Talutug Kélor"

Posting Komentar