Corona di Sukasari diulinkeun ku Barudak!!!
Katerangan poto :
Barudak lembur ngarulinkeun corona di patalimarga Kp. Wangun Désa Parungbanténg Kecamatan Sukasari. (28/3/2020).*
SUKASARI - Warta Sunda Onliné,
MAHABUNA virus Corona Covid 19, keur barudak lembur mah teu aya pangaruh. Tapi ngawaro dialajar diimahna masing-masing.
Nilik tina hirup kumbuh di lembur, tangtu baé, barudak ngan saukur arulin mapay-mapay patalimarga. Dina mangsana péré sakola nu diperpanjang. Lain harti teu nengetan pamaréntah nu diembarkeun ka dinas pendidikan. Malah ngawaro diajar diimahna séwang-séwangan.
Kusabab kabiasaan pasosoré barudak Kampung Wangun nu ngamangpaatkeun waktuna silih sampeur babaturanna apay-apayan jalan bari jeung nyangcang virus corona ku cara nyieun momobilan tina bahan kai randu nu disulap jadi mobil corona.
Ari kitu mah ku otodidakna pangabisa ngarakit momobilan. Nepika abring-abringan ngantaykeun momobilan jieunan barudak Wangun. Kajaba ngararasakeun kondisi patalimarga sapertos témbong dina gambar. Jalan di Kampung Wangun Désa Parungbanténg Sukasari, aribéh ditu mah jalanna can jiga ayeuna alus. Ku tarahalna éta, barudak mung sauukur arulin di buruan imahna.
Tapi keur Jahroni, Aab, Semi, Ajis, Dimas jeung Maulidan babaturan sasamana arulin silih gogonjakan bari jeung nungtun momobilan di RT.13/RW.001 Kp. Wangun. Désa Parungbanténg Kecamatan Sukasari Kabupatén Purwakarta, saruka bungah arulin di jalan.***
0 Response to "Corona di Sukasari diulinkeun ku Barudak!!!"
Posting Komentar