WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Bener Henteuna : Dalih SMK TARUNA SAKTI Purwakarta Nahan Ijzah Alumni???

Bener Henteuna : Dalih SMK TARUNA SAKTI Purwakarta Nahan Ijazah Alumni??? PURWAKARTA - www.wartasunda.id     "Larangan pamaréntah ka l...

CAMPALA MEDAR

ASISINDIRAN DINA KAHIRUPAN MASARAKAT SUNDA Urang Sunda kawilang dalit jeung wangun karya sastra anu kiwari disebut sisindiran, anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Ti bubudak éta téh. Sanajan tangtu baé, sisindiran budak mah, kawilang basajan, ngawujud dina kakawihan. Mun rék ucing-ucingan, upamana, barudak sok hompimpah heula. Hompimpah alaikum gambréng, Ma Ijah maké baju rombéng. Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

Pangdeudeul Dunga ka Kang Anto Sukanto.

Katerangan poto : Kepala Disdik Kabupatén Purwakarta, Dr. H. Purwanto, M.Pd., masrahkeun layang pangajen Darma Guru Basa Sunda Purwakarta 2020 ka Anto Sukanto wartawan Sunda, dina raraga miéling poé Basa Indung sa-dunya di Gedung BJB Purwakarta, Juma'ah, 21 Pébruari 2020.*




Heug geura teuteup jalan kahareup nu baris kasampeur sing sieup...
Prak geura sawang lampah nu anggang nu baris kasorang sing gandang..
Sing teuneung.. sing ludeung...
Ulah unggut kalinduan, ulah gedag kaanginan,
Tong endag bulu salambar..
Ulah aya basa ngejat najan satunjang beas..
Sing rancingeus, tanginas tur gede wawanen...
Buktikeun yen urang teh urang Sunda nu boga wiwaha, wibawa jeung komara..
Lir hiji lalaki langit lalanang jagat nu nyatria taya karempan muru tegal pangperangan..
Pantrang nyandang kahariwang, cadu ngukut kaembung, mahing ngancik kagimir...
teu renjagan teu gembangan estu teguh pamadegan dina miara basa jeung budaya Sunda..
Ngarah Sunda kapiara.. kapulasara.. langgeng ngadeg na adegna, lana ngabuana na jayana...
Cag...

Rahayu Swasti Astu
Nirmala Seda Malilang

Wilujeng.. 👍👍🙏🙏
Deden Ipan

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "Pangdeudeul Dunga ka Kang Anto Sukanto."

Posting Komentar