WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Warta Gedung Dewan : Sekretariat DPRD, kadatangan Rengrengan Pangurus katut Anggota PWI Purwakarta

Poto bareng PWI Purwakarta jeung Sekretariat DPRD.* GEDUNG DEWAN -  www.wartasunda.id,- Sekretariat Dewan Perwakilan Rakyat Da...

CAMPALA MEDAR

ASISINDIRAN DINA KAHIRUPAN MASARAKAT SUNDA Urang Sunda kawilang dalit jeung wangun karya sastra anu kiwari disebut sisindiran, anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Ti bubudak éta téh. Sanajan tangtu baé, sisindiran budak mah, kawilang basajan, ngawujud dina kakawihan. Mun rék ucing-ucingan, upamana, barudak sok hompimpah heula. Hompimpah alaikum gambréng, Ma Ijah maké baju rombéng. Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

Kamandang : Robby Maulana Zulkarnae II



DURMA SUNDA

Sunda keur dicacampah. Kamari ku "Sunda Empire" nu ayeuna geus expired. Ayeuna, ku aki-aki nu ngaranna Ridwan Saidi, nu sok ngaku-ngaku manéhna salaku sejarawan. Nya manéhna nu kungsi mindeng nyieun pucuk ti girang. Di antarana:

1.Polemik sareng Nurcholish Majid tapi argumentasinya ngacapruk.

2. Pernah diperkarakan ku Kang Ajip Rosidi lantaran ngahina puisinya.

3. Nganggap yèn Sriwijaya tèh fiktif

Ayeuna èta aki-aki nyebutkeun yèn Karajaan Galuh téh taya di kieuna. Atuh mun Galuh taya dikieuna hartina Prabu Siliwangi ogé teu kungsi aya?

Galuh tèh hartina brutal alisa leuwih ti kasar, ceuk èta aki-aki nu sok ditanggap dina youtube nu sering oge cumarita dina ILC.

Sok atuh kamarana para sejarawan Sunda? pèk geura nyarita.
Kamarana para gegeden Perguruan Tinggi ? Kamarana para politisi urang Sunda nu di Jakarta ? Para wakil Jawa Barat nu kiwari calik di gedong sigrong DPR-RI. Mana para wawakil DPD-RI pituin Sunda? Naha aranjeun tèga ?
Sunda sarakan paduriatan dijieun gogonjakan?

Hayu, lur! Geus wancina Sunda nyoara!
Mun perlu mah ngagorowok yèn Sunda tèh aya!

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "Kamandang : Robby Maulana Zulkarnae II"

Posting Komentar